Penerangan Gedung Merdeka Jadi Sorotan Gubernur Jabar
Penerangan Gedung Merdeka Jadi Sorotan Gubernur Jabar
BANDUNG – Warta Sunda Online, Gubernur Jawa Barat Dedi Mulyadi nyorot kondisi penerangan di jero Gedung Merdeka Bandung nalika nepikeun sambutan dina acara Istrenan Pengurus PWI Jawa Barat Masa Bakti 2026–2031, Jumaah (2/10/2026).
Dedi nyebutkeun, kondisi penerangan di gedong bersejarah éta perlu meunang perhatian. Sabab, Gedung Merdeka remen dipaké pikeun rupa-rupa kagiatan penting, boh tingkat provinsi boh nasional.
Numutkeun anjeunna, fasilitas di jero Gedung Merdeka kudu diperhatikeun sacara serius sangkan unggal kagiatan anu dilaksanakeun bisa lumangsung kalayan merenah.
Pikeun ngarojong éta hal, pihakna ayeuna ngalakukeun koordinasi jeung pihak-pihak terkait. Koordinasi téh ngawengku perhatian kana rupa-rupa kabutuhan fasilitas, kaasup sistem penerangan di jero gedong.
Gedung Merdeka mangrupa salah sahiji gedong bersejarah di Kota Bandung anu boga patalina raket jeung sajarah Konferensi Asia-Afrika.***
#kdm #wartasundaonline #gedungmerdeka


Komentar