Keurseus Budaya Sunda #78 Bahas Hasiat Séhat Katuangan Sunda

Keurseus Budaya Sunda #78 Bahas Hasiat Séhat Katuangan Sunda



BANDUNG – Warta Sunda Online,-

Katuangan Sunda lain saukur bagian tina tradisi jeung kabiasaan sapopoé, tapi ogé miboga ajén anu raket patalina jeung kaséhatan. Éta jejer bakal dibahas dina Keurseus Budaya Sunda (KBS) ka-78 kalayan téma “Hasiat Séhat Katuangan Sunda”, Rebo, 7 Oktober 2026.

Dina ieu kagiatan, Dr. Yaya Rukayadi, dosén Universiti Putra Malaysia jeung Sekolah Tinggi Farmasi Indonésia, bakal medar rupa-rupa katuangan Sunda anu miboga mangpaat pikeun kaséhatan.

Keurseus bakal ngulik leuwih jero ngeunaan naon waé katuangan Sunda anu séhat, kaasup hasiat jeung ajén gizi anu dikandungna. Ieu bahasan dipiharep bisa nambahan pangaweruh masarakat ngeunaan pentingna ngajaga pola dahar bari tetep miara warisan kuliner Sunda.

KBS #78 dilaksanakeun sacara daring ngaliwatan Zoom, dimimitian tabuh 15.30 nepi ka 17.00 WIB. Kagiatan ieu kabuka pikeun masarakat, hususna urang Sunda anu kataji kana budaya jeung kaséhatan. Partisipasi dina ieu keurseus gratis ngaliwatan tautan Zoom anu geus disadiakeun panitia.***


Komentar

Postingan Populer