Indonesia Juara, Thailand Takluk ku Adu Penalti
Indonesia Juara, Thailand Takluk ku Adu Penalti
JAKARTA – Warta Sunda Online, Timnas Indonesia jadi juara perdana FIFA ASEAN Cup 2026 sanggeus ngéléhkeun Thailand dina adu penalti 4-2 di SUGBK, Jakarta, Senén (5/10/2026).
Duel Indonesia-Thailand réngsé 2-2 nepi ka 120 menit. Indonesia sempet unggul ku Dean James menit ka-84, tapi Thailand nyaruakeun skor ku Iklas Sanron.
Thailand unggul deui 2-1 ngaliwatan Peeradol Chamrasamee menit ka-111. Indonesia nyaruakeun skor ku Elkan Baggott menit ka-116.
Dina adu penalti, opat penendang Indonesia hasil ngalaksanakeun tugasna, sedengkeun dua penendang Thailand gagal. Kiper Emil Audero ogé jadi salah sahiji konci kameunangan Garuda.***


Komentar