Campaka Medar!!! UKW: Jalan Pikeun Ngajaga Marwah Wartawan Purwakarta
CAMPALA MEDAR
UKW: Jalan Pikeun Ngajaga Marwah Wartawan Purwakarta
Warta Sunda Online - Kabar hadé datang ti Pamaréntah Kabupaten Purwakarta. Dinas Komunikasi jeung Informatika (Diskominfo) Purwakarta gawé bareng jeung Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Purwakarta rék ngalaksanakeun Uji Kompetensi Wartawan (UKW).
Ieu lain saukur acara seremonial. Ieu téh léngkah penting pikeun ngajaga marwah jeung kapercayaan masarakat kana profesi wartawan di Purwakarta.
Urang kudu jujur ngaku, kiwari saha waé bisa ngaku jadi wartawan. Modal telepon sélulér jeung akun média sosial, jalma bisa nyieun tulisan, nyebarkeun informasi, malah ngagoréng hiji perkara. Balukarna, masarakat sok hésé ngabédakeun mana wartawan anu bener-bener profesional jeung mana anu ngan ukur ngaku-ngaku wartawan.
Di dieu pentingna UKW.
UKW lain pikeun gagah-gagahan, komo deui saukur pikeun meunangkeun kartu kompeténsi. UKW téh jadi salah sahiji ukuran pikeun geus nepika mana wartawan ngarti kana tugas jeung tanggung jawabna.
Naha ngarti kana Kode Étik Jurnalistik? Naha apal kana UU Pers No. 40 Taun 1999? Apal kana Keterbukaan Informasi Publik? Naha bisa nyusun berita dumasar kana fakta, data, jeung konfirmasi? Naha bisa ngajaga kasaimbangan berita sarta nyingkahan tulisan anu tendensius?
Éta kabéh kudu jadi ukuran.
Ngukur Kompeténsi, Ngajaga Integritas
Téma “Mewujudkan Wartawan Purwakarta yang Profesional, Kompeten, dan Berintegritas” kacida luyu jeung tangtangan jurnalistik kiwari.
Profesional, hartina wartawan kudu digawé dumasar kana aturan jeung standar jurnalistik. Teu cukup ku modal “ceuk saha” atawa “cenah”. Unggal informasi kudu diuji, diverifikasi, sarta lamun perlu dikonfirmasi ka pihak-pihak anu patali.
Kompetén, hartina wartawan kudu miboga pangaweruh jeung kamampuh jurnalistik. Ngarti kana 5W+1H, wawancara, verifikasi informasi, nyusun berita, nepi ka kumaha cara nyanghareupan narasumber sacara proporsional.
Sedengkeun integritas, ieu nu paling penting.
Wartawan anu boga integritas moal gampang dibeuli ku duit, moal nyieun berita pesenan pikeun ngarugikeun batur, jeung moal ngajadikeun profesina minangka alat pikeun nyingsieunan pejabat, pangusaha, atawa masarakat lainna.
Kukituna ieu kolaborasi antara Diskominfo jeung PWI Purwakarta dina ngalaksanakeun UKW tangtu payus diaprésiasi. Ieu bisa jadi bagian tina usaha pikeun ngaronjatkeun kualitas pers lokal, sakaligus ngawangun hubungan anu séhat antara pamaréntah jeung média.
Pamaréntah tangtu perelu média anu kritis. Tapi kritis lain hartina kudu ngagoréng. Wartawan lain tugasna muji pamaréntah, tapi ogé lain pikeun néangan-néangan kasalahan. Tugasna nyaéta nepikeun informasi anu bener, saimbang, sarta bisa dipertanggungjawabkeun.
Mudah-mudahan tina UKW ieu lahir wartawan-wartawan Purwakarta anu henteu ngan saukur bisa nulis, tapi ogé bisa ngajaga kapercayaan masarakat.
Wartawan anu tulisanna ngadidik, lain ngadu domba.
Wartawan anu beritana jadi solusi, lain jadi polusi.
Sabab dina tungtungna, anu kudu dijaga lain saukur ngaran hiji média atawa organisasi pers, tapi marwah profesi wartawan jeung kapercayaan masarakat.
Salam Pers!
Hirup Wartawan! Hirup PWI!
— Redaksi Warta Sunda

Komentar