Buku Pendidikan Resmi Kemendikdasmen Ayeuna Bisa Diaksés Ngaliwatan SIBI

Buku Pendidikan Resmi Kemendikdasmen Ayeuna Bisa Diaksés Ngaliwatan SIBI


JAKARTA – Aksés kana rupa-rupa buku pendidikan resmi ti Kementerian Pendidikan Dasar dan Menengah (Kemendikdasmen) ayeuna beuki gampang. Masarakat, kaasup guru, kepala sakola, siswa, kolot siswa, jeung masarakat umum bisa ngaksés buku-buku éta sacara digital ngaliwatan Sistem Informasi Perbukuan Indonesia (SIBI).

Ngaliwatan platform SIBI, pamaké bisa néangan jeung maca rupa-rupa bahan bacaan pendidikan anu geus disadiakeun sacara resmi ku Kemendikdasmen.

Buku anu bisa diaksés téh ngawengku buku téks Kurikulum Merdeka jeung buku nonteks. Sajaba ti éta, buku ogé disadiakeun dina sababaraha wangun digital, di antarana format PDF, audio, jeung buku interaktif.

Koléksi buku dina SIBI ngawengku rupa-rupa jenjang pendidikan, ti mimiti PAUD, SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK, nepi ka Pendidikan Khusus.

Ayana layanan buku digital ieu jadi salah sahiji alternatif pikeun guru jeung warga sakola dina nyumponan kabutuhan bahan ajar jeung bahan bacaan. Pamaké ogé bisa leuwih gampang néangan buku anu saluyu jeung jenjang pendidikan sarta kabutuhan pangajaran.

Ku ayana aksés digital, buku pendidikan henteu ngan saukur bisa dimangpaatkeun di lingkungan sakola, tapi ogé bisa diaksés ku kolot jeung peserta didik pikeun ngarojong kagiatan diajar di luar sakola.

Masarakat anu hayang ngaksés rupa-rupa koleksi buku pendidikan resmi éta bisa langsung muka katalog SIBI ngaliwatan situs resmi Kemendikdasmen.

Aksés SIBI : buku.kemendikdasmen.go.id/katalog

Inpormasi ngeunaan SIBI ogé dipiharep bisa terus disebarkeun ka guru, kepala sakola, peserta didik, jeung kolot siswa. Tujuanna sangkan beuki loba pihak anu nyaho sarta bisa ngamangpaatkeun fasilitas buku digital anu geus disadiakeun ku pamaréntah.

Ku kituna, SIBI bisa jadi salah sahiji sarana pikeun ngalegaan aksés masarakat kana bahan bacaan pendidikan, sakaligus ngarojong prosés diajar-ngajar di rupa-rupa jenjang pendidikan.***


Sumber : Data Dikdasmen 

Komentar

Postingan Populer