Semarak Maulid Nabi di SDN 2 Sindangsari Plered, 180 Siswa Antusias Shalawatan

Semarak Maulid Nabi di SDN 2 Sindangsari Plered, 180 Siswa Antusias Shalawatan



PLERED/PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-Dina raraga miéling Maulid Nabi Muhammad SAW 1448 Hijriah, SDN 2 Sindangsari, Kecamatan Plered, Kabupaten Purwakarta, ngayakeun kagiatan kaagamaan dina Kemis, 10 Séptémber 2026.

Kagiatan anu diiluan ku kurang leuwih 180 peserta éta lumangsung khidmat tapi ogé pinuh ku sumanget. Salian ti jadi momentum pikeun miéling kalahiran Nabi Muhammad SAW, kagiatan ieu ogé jadi sarana pikeun numuwuhkeun rasa cinta para siswa kana ajaran Islam.

Hadir salaku penceramah, Ustadz Amin ti Cicinde, Kabupaten Karawang, anu nepikeun tausiyah sarta rupa-rupa pesen kaagamaan ka para siswa, guru, jeung peserta anu hadir.

Suasana beuki ramé nalika unggal kelas mintonkeun bacaan shalawat, ti mimiti kelas 1 nepi ka kelas 6. Para siswa silih gentosan mintonkeun kamampuhna kalayan pinuh ku sumanget, anu némbongkeun antusiasme maranéhna dina milu miéling Maulid Nabi.

Dina éta kasempetan, Koordinator Wilayah (Korwil) VIII Plered-Sukatani, H. Sunarya, M.Pd, ogé nepikeun pesen ka para siswa sangkan getol diajar sarta ulah poho ngajaga kaséhatan.

“Diajar kudu rajin sangkan jadi budak anu pinter. Salian ti éta, kaséhatan ogé kudu dijaga sangkan bisa ngalaksanakeun kagiatan diajar kalayan hadé,” saur anjeunna.

Pesen ti Korwil VIII éta diamini ku Kepala SDN 2 Sindangsari Plered, Aan Nurjanah, S.Pd. Anjeunna ngingetan para siswa sangkan leuwih merhatikeun kaséhatan, utamana dina kaayaan usum halodo anu ayeuna keur lumangsung.

“Leres sapertos anu disebatkeun ku Pak Korwil, barudak kudu rajin diajar sarta kudu ngajaga kaséhatan. Komo ayeuna mah keur usum halodo, urang kudu leuwih merhatikeun kondisi awak, sabab dina kaayaan cuaca sapertos kieu sok seueur anu gering,” saur Aan Nurjanah.

Salian ti éta, Aan Nurjanah nétélakeun yén miéling Maulid Nabi Muhammad SAW jadi momentum anu penting pikeun sakola dina ngawanohkeun sarta nguatkeun ajén-ajén kaislaman ka para siswa.

Numutkeun anjeunna, kagiatan Maulid Nabi dipiharep henteu ngan saukur jadi acara seremonial, tapi ogé bisa ngadorong para siswa sangkan leuwih jero diajar agama Islam sarta bisa nerapkeun akhlak Nabi Muhammad SAW dina kahirupan sapopoé.

“Simkuring miharep momentum Maulid Nabi ieu tiasa janten kasempetan pikeun barudak sangkan leuwih ngadalamkeun kaislaman sarta bisa nyonto akhlak Rasulullah SAW,” ungkap Aan Nurjanah.

Runtuyan kagiatan anu dieusi ku tausiyah sarta penampilan shalawat ti siswa kelas 1 nepi ka kelas 6 ngajadikeun miéling Maulid Nabi Muhammad SAW 1448 H di SDN 2 Sindangsari Plered lumangsung kalayan pinuh ku kabersamaan jeung kabagjaan.

Ngaliwatan kagiatan ieu, pihak sakola terus ngupayakeun ngawangun generasi anu pinter, séhat, miboga akhlak anu hadé, sarta mikacinta Nabi Muhammad SAW jeung ajén-ajén kaislaman.***


Komentar

Postingan Populer