Puluhan Siswa SDN Kanigoro 2 Madiun Beuteungna Marules jeung Pusing Sanggeus Nyantap Menu MBG
Puluhan Siswa SDN Kanigoro 2 Madiun Beuteungna Marules jeung Pusing Sanggeus Nyantap Menu MBG
MADIUN, Warta Sunda Online — Puluhan siswa SDN Kanigoro 2, Kecamatan Kartoharjo, Kota Madiun, ngalaman keluhan kaséhatan sacara babarengan sanggeus nyantap menu Program Makan Bergizi Gratis (MBG), Rebo (9/9/2026), kira-kira tabuh 11.00 WIB.
Siswa ti kelas 1 nepi ka kelas 6 dilaporkeun ngalaman rupa-rupa keluhan, di antarana pusing, seueul, sareng nyeri beuteung. Sababaraha siswa anu kondisina leuleus langsung dibawa ka Puskesmas Sukosari jeung RSUD Sogaten Kota Madiun pikeun meunangkeun pananganan médis.
Dikutip Tina Suara Jatim.id, yen Kajadian éta nyababkeun suasana di lingkungan sakola jadi panik. Ruang UKS anu kawates ogé henteu mampuh nampung sakumna siswa anu merlukeun pertolongan.
Salah sahiji kolot siswa, Ela Fratiana, warga Mojopurno, langsung nyusul ka sakola sanggeus meunang béja yén anakna ngalaman nyeri beuteung jeung pusing.
Numutkeun katerangan Ela, anakna nyaritakeun yén saméméh ngalaman keluhan kaséhatan, anjeunna nyantap sababaraha menu MBG, di antarana tahu bulat jeung sate udang. Anakna ogé nyebutkeun yén tahu bulat anu didahar karasa geus henteu saé.
“Keluhan awalna pusing jeung beuteungna nyeri. Basa ditanya, cenah tahu bulatna basi,” ceuk Ela, sakumaha dikutip tina laporan média.
Ela ogé ngaku hariwang kana kaayaan anakna. Pikeun samentara waktu, anjeunna milih henteu méré idin ka anakna pikeun nyantap deui menu MBG di sakola nepi ka aya kapastian ngeunaan kaamanan dahareun anu disayogikeun.
“Pikeun samentara mah henteu milu nyantap MBG heula. Makan di bumi waé, mawa bekel sorangan,” pokna.
Anu paling dipiharep ku Ela nyaéta anakna bisa gancang pulih jeung henteu ngalaman masalah kaséhatan anu serius.
Samentara éta, dugaan yén aya kadaharan anu geus henteu layak dikonsumsi masih jadi salah sahiji katerangan anu muncul. Tapi, panyabab pasti tina kajadian anu ngabalukarkeun puluhan siswa ngalaman keluhan kaséhatan éta can bisa dipastikeun.
Otoritas kaséhatan masih ngantosan hasil uji laboratorium kana sampel kadaharan anu disayagikeun ku SPPG Kanigoro 2. Hasil éta dipiharep bisa ngajelaskeun naha kajadian téh aya patalina jeung kadaharan, kontaminasi dina prosés distribusi, atawa faktor séjén.
Kajadian di SDN Kanigoro 2 Madiun ogé jadi pangéling pikeun pentingna pangawasan anu ketat kana kualitas, kabersihan, kaamanan, jeung prosés distribusi kadaharan dina program pemenuhan gizi pikeun barudak sakola.***

Komentar