Optimalisasi PAD Jadi Sorotan, Bupati Purwakarta jeung Kajari Bakal Buka-bukaan Strategi Tingkatkeun Pendapatan Daerah

Optimalisasi PAD Jadi Sorotan, Bupati Purwakarta jeung Kajari Bakal Buka-bukaan Strategi Tingkatkeun Pendapatan Daerah

PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-

Kumaha carana Pemerintah Kabupaten Purwakarta ningkatkeun Pendapatan Asli Daerah (PAD) pikeun ngarojong pembangunan jeung ningkatkeun pelayanan ka masyarakat? Ieu bakal jadi salah sahiji bahasan penting dina Talkshow PRO FM Purwakarta, Kemis, 10 September 2026.

Ngusung tema “Optimalisasi Pendapatan Asli Daerah (PAD)”, talkshow ieu bakal menghadirkan dua narasumber, nya éta Bupati Purwakarta Om Zein jeung Kepala Kejaksaan Negeri Purwakarta Dr. Yudhi Kurniawan, S.H., M.H.

Dina dialog anu dipandu ku Rudy Aliruda ieu, rinneka pasualan ngeunaan optimalisasi PAD bakal dibahas sacara terbuka. Utamana ngeunaan kumaha strategi Pemkab Purwakarta dina ngaliwatan potensi pendapatan daerah sangkan leuwih optimal jeung bisa mere mangfaat langsung pikeun masyarakat.

PAD mangrupakeun salah sahiji bagian penting dina kamampuhan keuangan daerah. Ku PAD anu kuat, pamaréntah daerah ngabogaan ruang fiskal anu leuwih lega pikeun ngarojong berbagai program pangwangunan jeung pelayanan publik.

Tapi, ningkatkeun PAD tangtu teu cukup ngan saukur ngudag target pendapatan. Pengelolaan kudu tetap transparan, akuntabel, efektif, sarta luyu jeung aturan hukum yang berlaku.

Dina konteks ieu, hadirna Kajari Purwakarta dina talkshow dipiharep bisa mere perspektif ti sisi hukum, utamana ngeunaan pentingna tata kelola pendapatan daerah anu bersih jeung bebas tina potensi penyimpangan.

Samentara éta, Bupati Purwakarta Om Zein bakal ngabahas arah kebijakan jeung strategi Pemkab dina mengoptimalkan sumber-sumber PAD pikeun memperkuat pangwangunan di Kabupaten Purwakarta.

“Optimalisasi PAD” jadi tema anu cukup penting pikeun masyarakat, sabab peningkatan pendapatan daerah akhirna dipiharep bisa balik deui jadi program jeung pelayanan anu mangfaatna dirasakeun langsung ku warga.

Pikeun masyarakat Purwakarta anu hayang nyimak langsung pembahasanna, Talkshow PRO FM Purwakarta bisa didéngékeun dina Kamis, 10 September 2026, pukul 10.00–11.00 WIB.

Siaran bisa diiluan ngalewatan Frekuensi 93.10 FM, YouTube PRO FM Purwakarta, jeung aplikasi PRO Radio Purwakarta.

Ulah ka kantun nya, sabab dialog ieu dipiharep bisa masihan gambaran leuwih jelas ngeunaan kumaha strategi Purwakarta nguatkeun PAD pikeun pembangunan jeung pelayanan masyarakat.***

Komentar

Postingan Populer