Marlin Swimming School Turunkeun 12 Atlét Muda dina West Java Age Group and Beginners 2026 di Garut

Marlin Swimming School Turunkeun 12 Atlét Muda dina West Java Age Group and Beginners 2026 di Garut



GARUT – Warta Sunda Online,- Marlin Swimming School mawa pasukan atlét ngora pikeun miluan ajang West Java Age Group and Beginners Tahun 2026 anu dilaksanakeun di Kolam Aquatik Talaga Bodas, Garut, salila tilu poé, nyaéta tanggal 4, 5, jeung 6 Séptémber 2026.

Dina ieu kajawaraan, Tim Marlin Swimming School dipingpin ku Aep Saepudin jeung Herlin Novita, kalayan tujuan lain ngan saukur pikeun ngahontal prestasi, tapi ogé pikeun méré pangalaman tanding anu penting ka para atlét ngora.

Para atlét anu dibawa ku Marlin Swimming School nyaéta:

1. Muhammad Asefa Sastra Setianto

2. Chandra Praditya Wijaya

3. Muhammad Rifat Ali Soleh

4. Nanda Vikry Avrilio

5. Surya Natanagara

6. Fayola Queenzhy Rizki

7. Azzalea Qhaireen Sumantri

8. Sanelia Nur Fiani Rizky

9. Muhammad Eavan Danesh

10. Alvaro Kenzie Athaya

11. Ashaq Navariza Wahyudi

12. Radian Akbar Prawira

Dina ngalakonan pertandingan di Garut, para atlét dipirig jeung dibimbing ku sababaraha palatih, di antarana Coach Agung Ahmad Musthapa, Jaenab Fira Poya, jeung Coach Wisnu Nurrahmat Sofyan.

Salah saurang palatih Marlin Swimming School, Coach Jeje, nétélakeun yén pangpentingna dina miluan ieu kajawaraan nyaéta ngawangun méntal jeung nambahan pangalaman para atlét.

Aksi Alvaro Kenzie Athaya dalam ajang West Java Age Grup dan Beginners Tahun 2026 di Kolam Aquatik Talaga Bodas Garut, 4,5 & 6 September 2026.*

Mugia barudak bisa ngaréngsékeun ieu kagiatan kalayan hadé sarta miboga méntal juara. Sabab pertandingan ieu lain saukur perkara meunang, tapi mangrupa tempat pikeun meunangkeun pangalaman,” ceuk Coach Jeje.

Samentara éta, rojongan jeung harepan ogé datang ti para kolot atlét. Bahri, salaku salah saurang kolot, nétélakeun yén sanajan anakna, Arkana, can miluan kajawaraan di Garut taun ieu, anjeunna boga harepan sangkan taun hareup bisa usaha leuwih maksimal pikeun miluan kompetisi.

Hal anu sarua ditepikeun ku Nuryana, guru di SMPN 1 Babakan Cikao sakaligus kolotna Surya. Numutkeun anjeunna, kejuaraan di Garut jadi pangalaman anyar pikeun putrana dina prosés adaptasi jeung suasana pertandingan di luar daérah.

Anjeunna kudu bisa nyaluyukeun diri jeung lingkungan sarta kaayaan pertandingan di Garut sangkan teu kagét. Ieu téh pangalaman munggaran miluan tandang pikeun bertanding di Garut,” pokna.

Aksi Chandra Praditya Wijaya dalam ajang West Java Age Grup dan Beginners Tahun 2026 di Kolam Aquatik Talaga Bodas Garut, 4,5 & 6 September 2026.*

Sedengkeun Anton Wijaya, kolotna Chandra Praditya Wijaya, ngaharepkeun sangkan putrana bisa terus ngaronjatkeun catetan waktu pribadina.

Harapanana ayeuna bisa ngaronjatkeun catetan diri heula. Ka hareup, mugia bisa jadi wawakil dina ajang-ajang anu leuwih bergengsi,” saur Anton.

Aksi M. Asefa Sastra Setianto dalam ajang West Java Age Grup dan Beginners Tahun 2026 di Kolam Aquatik Talaga Bodas Garut, 4,5 & 6 September 2026.*

Harepan ogé ditepikeun ku Anto S, kolotna Muhammad Asefa Sastra Setianto. Anjeunna miharep sangkan putrana bisa ngaronjatkeun stamina sarta leuwih fokus dina ngalakonan unggal nomor perlombaan.

Pikeun Asefa sorangan, ieu mangrupa pangalaman anu kadua kalina miluan kagiatan kajawaraan di Kolam Aquatik Talaga Bodas Garut, anu tangtu jadi bekel penting pikeun ningkatkeun kamampuh jeung kapercayaan dirina dina dunya olahraga renang.





Samentara éta, Coach Aam nepikeun pesen ka sakumna masarakat, kolot, jeung kulawarga sangkan babarengan méré rojongan moral ka para atlét anu keur bajoang dina ajang West Java Age Group and Beginners 2026.

Mohon do'a sareng dukungan kanggo para atlét anu keur ngalaksanakeun pertandingan. Mugia sadayana dipaparin kasehatan, kalancaran, sareng hasil anu pangsaéna. Sehat salawasna kanggo ayah, bunda, sareng sakumna kulawarga,” saur Coach Aam.

Miluan kajawaraan tingkat Jawa Barat ieu jadi léngkah penting pikeun para atlét ngora Marlin Swimming School dina ngasah kamampuh, ngawangun kapercayaan diri, sarta ngabentuk méntal juara.

Ku sabab éta, meunang atawa éléh lain hiji-hijina ukuran dina hiji kompetisi. Pangalaman, disiplin, sumanget bajoang, jeung kamampuh pikeun terus mekar jadi modal anu kacida pentingna pikeun ngahontal prestasi anu leuwih luhur dina mangsa nu bakal datang.

Marlin Swimming School optimistis, ku latihan anu daria, rojongan ti para palatih jeung kolot, sarta pangalaman tina rupa-rupa kajawaraan, para atlét ngorana bakal bisa terus mekar sarta mawa ngaran hadé dina ajang-ajang renang anu leuwih bergengsi.***


Komentar

Postingan Populer