KDM Mastikeun Cai Jatiluhur Cukup keur Masarakat jeung Pausahaan, Nyorot Palayanan PDAM jeung AMDAL BDX

KDM Mastikeun Cai Jatiluhur Cukup keur Masarakat jeung Pausahaan, Nyorot Palayanan PDAM jeung AMDAL BDX



PURWAKARTA – Warta Sunda Online,- Gubernur Jawa Barat, Dedi Mulyadi, Dina akun Tiktokna Inyana negeskeun yén kasadiaan cai ti Waduk Jatiluhur kudu tetep nyumponan kabutuhan masarakat, ogé kabutuhan pausahaan.

Ieu hal ditepikeun ku Dedi Mulyadi dina ngaréspon raména sawala ngeunaan rencana pemanfaatan jeung penjualan cai, kaasup isu BDX anu jadi perhatian masarakat.

Numutkeun Dedi, lamun PDAM boga rarancang ngajual cai, kudu dibarengan ku ningkatkeun mutu palayanan ka masarakat. Anjeunna ogé nyorot kapasitas sedotan cai PDAM anu dianggap masih kawilang leutik dibandingkeun jeung kabutuhan palayanan.

Samentara éta, pihak Perum Jasa Tirta (PJT) miboga pangaturan sorangan ngeunaan volume cai anu dimangpaatkeun jeung dijual ka para pamaké.

Dedi ogé ngingetan sangkan aspék téknis jeung lingkungan diperhatikeun sacara serius, kaasup dokumén AMDAL BDX anu kudu luyu jeung aturan sarta dilarapkeun kalayan bener.

“Bapak Aing teu hayang aya kaributan. Nu penting mah cai Jatiluhur cukup keur masarakat jeung pausahaan,” saur Dedi.

Dina éta kasempetan, hadir ogé Bupati Purwakarta, jajaran Perum Jasa Tirta, Direktur Utama PDAM Purwakarta, jeung sababaraha pejabat patali.

Pamaréntah miharep pangaturan sumber daya cai bisa dilaksanakeun sacara terukur, transparan, sarta tetep ngutamakeun kapentingan masarakat.***


Komentar

Postingan Populer