Dokter Cantik KAI Gercep, Anak M. Nazim Kénging Palayanan Médis Dina Perjalanan

Suster Cantik KAI Gercep, Anak M. Nazim Kénging Palayanan Médis Dina Perjalanan


GARUT–RANCAEKEK, Warta Sunda Online — Palayanan médis di tengah perjalanan karéta jadi pangalaman penting pikeun kulawarga M. Nizam Rozhaqul Gumilang. Dina perjalanan ti Stasion Garut tujuan ahir Plered Purwakarta, ditengah lajuning kareta pas stasion Rancaekek, Ahad(6/9/2026), Nazim kénging bantuan sarta pamariksaan ti petugas médis KAI.

Kira-kira tabuh 13.30 WIB, petugas médis KAI ti Poskes Cicalengka, Galuh Yulianita H.P., langsung ngalaksanakeun tindakan médis ka Nazim. Palayanan éta dilaksanakeun nalika karéta keur ngalaju ninggalkeun Stasion Garut ka arah Rancaekek.

Gerak gancang petugas médis jadi hal anu meunang pangajén, utamana nalika aya panumpang anu perelu bantuan kaséhatan di tengah perjalanan. Kasadiaan palayanan médis dina kondisi saperti kitu tangtu jadi bagian penting pikeun ngajaga kaamanan jeung kanyamanan panumpang.

Salila perjalanan, petugas médis terus merhatikeun kaayaan Nazim sarta méré penanganan anu diperlukeun. Tindakan anu gancang tur daria éta ngabantu kulawarga ngarasa leuwih tenang salila perjalanan.

Kulawarga M. Nazim Rozahul Gumilang, A. Sukanto salaku akina, ogé ngahaturkeun nuhun sarta pangajén ka petugas médis KAI anu parantos masihan palayanan kalayan gancang, daria, jeung pinuh ku perhatian.

“Hatur nuhun pisan ka petugas médis KAI anu parantos ngabantosan sareng ngalayanan Nazim kalayan gancang nalika dina perjalanan,” kitu apresiasi ti pihak kulawarga.

Kajadian ieu jadi gambaran yén palayanan dina perjalanan karéta henteu ngan ukur patali jeung transportasi, tapi ogé ngawengku perhatian kana kasalametan, kanyamanan, jeung kaayaan panumpang, kaasup nalika aya anu perelu bantuan médis.

Gerak gancang jeung kaparigelan petugas dina méré bantuan di tengah perjalanan ogé jadi hal anu penting pikeun ngaronjatkeun rasa aman panumpang nalika ngagunakeun jasa angkutan karéta api.

Komentar

Postingan Populer