Turnamen Volly Putri Antar SPPG Se-Kecamatan Tegalwaru Ngahijikeun Relawan jeung Ngawangun Silaturahmi

Turnamen Volly Putri Antar SPPG Se-Kecamatan Tegalwaru Ngahijikeun Relawan jeung Ngawangun Silaturahmi

TEGALWARU — Warta Sunda Online,-

Kagiatan olahraga volly putri antar Satuan Pelayanan Pemenuhan Gizi (SPPG) sa-Kecamatan Tegalwaru dilaksanakeun di Kampung Cibeurih RT 06/RW 03, Desa Galumpit, Kecamatan Tegalwaru, Kabupaten Purwakarta, Jawa Barat, Saptu (16/8/2026).

Kompetisi anu diiluan ku 11 SPPG ieu ngagunakeun sistem gugur. Para pamaén téh asalna ti kader Posyandu jeung relawan SPPG anu aya di wilayah Kecamatan Tegalwaru.

Ketua Panitia, Muhamad Najmudin ti SPPG Tegalsari, nétélakeun yén kagiatan ieu lain saukur pikeun ngudag prestasi atawa néangan juara, tapi ogé jadi sarana pikeun ngaraketkeun tali silaturahmi sarta ngahijikeun para relawan SPPG sa-Kecamatan Tegalwaru.

Tujuan utama tina kagiatan ieu nyaéta sangkan relawan SPPG bisa leuwih ngahiji, silih wawuh, ngajalin silaturahmi, sarta ngajaga kaséhatan ngaliwatan olahraga,” pokna.

Pikeun para juara, panitia nyadiakeun hadiah mangrupa piala, sertifikat, jeung uang pembinaan. Juara kahiji meunang Rp1 juta, juara kadua Rp500 rébu, sedengkeun juara katilu Rp300 rébu.

Kagiatan ieu dibuka langsung ku MP Tegalwaru, Cecep Aripin, anu dibaturan ku Kepala Desa Galumpit, Bayu Suryana.

Antusiasme peserta katémbong cukup luhur. Kompetisi voli ieu jadi salah sahiji cara pikeun ngawangun kabersamaan di antara kader Posyandu jeung relawan SPPG anu dina kahirupan sapopoéna miboga peran dina ngarojong palaksanaan program pelayanan gizi di masarakat.

Dina kasempetan éta, Korcam SPPG Tegalwaru, Mohamad Tantan Maulana, S.Kom, nalika dipénta kamandangna ngaliwatan WhatsApp, nétélakeun yén kagiatan volly putri ieu dilaksanakeun dina raraga ngareuah-reuah HUT ka-81 Kamerdikaan Republik Indonesia.

Numutkeun anjeunna, kagiatan éta masih kaasup kana runtuyan acara pihak Kecamatan Tegalwaru sarta mangrupa bentuk pangrojong kana lumangsungna kompetisi Volly Putri Antar-SPPG sa-Kecamatan Tegalwaru.

Pikeun taun hareup, panitia ngarencanakeun sangkan kagiatan sarupa bisa dilaksanakeun leuwih meriah, kaasup ningkatkeun hadiah jeung uang pembinaan.

Ka hareupna dipiharep bisa leuwih meriah deui, uang pembinaanna leuwih gedé, sarta tiasa kolaborasi sareng sakola-sakola anu damel bareng sareng SPPG,” saur panitia.

Ngaliwatan kagiatan olahraga saperti ieu, dipiharep hubungan silaturahmi antarrelawan SPPG sa-Kecamatan Tegalwaru beuki raket, sumanget kabersamaan beuki kuat, sarta kaséhatan para relawan ogé tetep kajaga.

Kagiatan ieu sakaligus jadi bukti yén olahraga henteu ngan ukur ngeunaan kompetisi, tapi ogé bisa jadi média pikeun ngahijikeun masarakat, ngawangun kekompakan, jeung nguatkeun silih asah, silih asih, sarta silih asuh di lingkungan relawan SPPG.***


Warta Sunda Online — Ngamumulé Basa, Ngabéwarakeun Kajadian.

Komentar

Postingan Populer