Dump Truk Rem Blong! Nabrak Tukang Parkir Jeung Motor di Parapatan Pasar Restu Cilalawi

Dump Truk Rem Blong! Nabrak Tukang Parkir Jeung Motor di Parapatan Pasar Restu Cilalawi


SUKATANI, PURWAKARTAWarta Sunda Online,-

Kajadian patalimarga di Perempatan Pasar Restu Cilalawi, Kecamatan Sukatani, Kabupaten Purwakarta, Selasa (25/8/2026) kira-kira tabuh 13.30 WIB. Mobil dump truk nomer pulisi BE 8014 NUA diduga rem blong nepi ka nabrak saurang tukang parkir sarta nyenggol sapédah motor.

Mobil dump truk éta nu keur disupiran ku Cepi sarta ngalaju ti arah Cianting nuju ka Jembatan 2 Cilalawi.

Dumasar kana informasi yen kajadian, nalika nepi di sabudeureun Perempatan Pasar Restu Cilalawi, kendaraan teh rem blong ngalaman gangguan dina sistem pengereman. Kaayaan éta musababna laju dump truk hésé dikendalikeun.

Antukna Kendaraan tuluy nabrak Oki (42), saurang tukang parkir anu keur aya di sabudeureun perempatan. Dump truk ogé nyenggol sapédah motor Honda Beat Street warna bodas nomer pulisi T 2766 CI.

Dina kajadian éta, Oki, warga Kp. Cilalawi RT 03/RW 01, Désa Cilalawi, Kecamatan Sukatani, ngalaman tatu sarta langsung dibawa ka RS Bayu Asih pikeun meunang penanganan médis.

Salian ti Oki, dua korban séjén nyaéta Oyoh Rohanah (49), warga Kp. Cilalawi RT 08/RW 03, Désa Cianting Utara, ngalaman tatu ringan sarta dibawa ka Klinik Anugerah Cilalawi.

Lian ti eta incuna, M. Nizam Rojaqul Gumilang (7), ngalaman tatu sedeng sarta ogé meunangkeun penanganan médis di Klinik Anugerah Cilalawi, tapi pihak korban supaya leuwih serius dibawa KA RS Bayu Asih.

Saurang saksi ti warga setempat, Sri, warga Kp. Cilalawi RT 03/RW 01, Désa Cilalawi, nyebutkeun yen ningali amangna (OKI) kasenggol ku dump truk langsung labuh, ngagoler kana aspal bari jeung lamokot ku getih.

Lain halna ningali korban nu lainna, motor beat street warna bodas anu ditimpakan ema-ema jeung budak leutik oge sarua kasered ku dump truk, antukna Tatu, poma deui motor hareupna ancur ti mimiti bodi, lampu, cup Jeung pelek ancur kalindes ban dump truk.

Para korban geus meunang pertolongan pihak medis sarta dibawa ka fasilitas kaséhatan séwang-séwangan. Samentara éta, sabab pasti kacilakaan masih ngadagoan pamariksaan leuwih lanjut ti pihak anu boga kawenangan.

Dugaan rem blong jadi salah sahiji informasi awal dina éta kajadian. Ari kaayaan kendaraan, karugian matériil, sarta hasil pamariksaan ka supir jeung kendaraan can dipikanyaho sacara lengkep.

Pihak anu boga kawenangan Laka Lantas, ngalewatan Agung langsung olah TKP, ngalaksanakeun pamariksaan pikeun mastikeun kronologi jeung sabab kacilakaan sacara gembleng.***

Komentar

Postingan Populer