Tari "Gesit Jabar" Aub dina Miéling ka-9 Aliansi Nusantara, Nonoman Némbongkeun Sumanget Ngawangun Bangsa
Tari "Gesit Jabar" Aub dina Miéling ka-9 Aliansi Nusantara, Nonoman Némbongkeun Sumanget Ngawangun Bangsa
Jakarta – Warta Sunda Online,-
Pintonan Tari "Gesit Jabar" jadi salasahiji pagelaran seni anu narik ati dina runtuyan acara Miéling HUT ka-9 Aliansi Nusantara jeung Palantikan Pangurus DPW-DPC, anu mawa téma "Ngawangun Daérah, Ngajaga Kadaulatan Bangsa."
Tarian anu nyaritakeun kagagahan Ksatria Sunda ieu dipintonkeun ku lima urang murid SMAN 5 Karawang, nyaéta Qois, Sabrina, Fahmi, Gina, jeung Taris. Maranéhna ngawakilan Sanggar Tari Ringkang Gumilang, kalayan gerakan anu sumanget, lincah, sarta pinuh ku ajén-inajén ngeunaan kawani, persatuan, jeung miara warisan budaya Nusantara.
Grup tari ieu lain ukur pintonan biasa. Maranéhna kungsi ngahontal Juara II Tingkat Nasional dina ajang Indonesia National Dance Competition, hasil tina pembinaan Ékstrakurikulér Kasenian Chandra Gemilang SMAN 5 Karawang dina pangaping Kapala Sakola Drs. Epul Syaeful, sarta dibimbing ku palatih ngora Qois.
Kahadiran para penari ngora dina éta acara teu leupas tina peran Jeni Wijayanti, salaku salasahiji panitia widang kasenian. Anjeunna ngahaja mawa murid-murid SMAN 5 Karawang pikeun milu nyemarakkeun HUT ka-9 Aliansi Nusantara, bari méré rohangan ka generasi ngora sangkan mampuh némbongkeun kréativitas jeung kanyaahna kana budaya bangsa.
Numutkeun Jeni Wijayanti, ilubiungna para palajar dina kagiatan tingkat nasional ieu ngabuktikeun yén generasi ngora miboga peran anu kacida pentingna dina ngawangun bangsa. Ngaliwatan seni jeung budaya, rasa cinta ka tanah air bisa dipupuk, persatuan bisa dikuatkeun, sarta nonoman bisa jadi bagian tina sumanget "Ngawangun Daérah, Ngajaga Kadaulatan Bangsa."
Pintonan Tari "Gesit Jabar" ogé meunang pangajén ti para tamu ondangan anu hadir. Salian jadi hiburan anu beunghar ku ajén budaya, éta pintonan ogé negeskeun yén ngamumulé seni tradisional bisa lumangsung babarengan jeung ngawangun karakter generasi ngora anu kréatif, boga prestasi, sarta miboga wawasan kabangsaan.
Miéling HUT ka-9 Aliansi Nusantara jadi ajang silih rojong antara organisasi kamasarakatan, dunya atikan, jeung para palaku seni dina ngukuhkeun persatuan ngaliwatan budaya. Kahadiran murid-murid SMAN 5 Karawang dipiharep bisa jadi inspirasi pikeun generasi ngora Indonesia sangkan terus berkarya, ngamumulé budaya, sarta méré kontribusi nyata dina ngawangun daérah jeung ngajaga kadaulatan bangsa.
Samentara éta, PIC Humas Aliansi Nusantara, Anna jeung Renata, nétélakeun yén hadirna wawakil murid SMAN 5 Karawang mangrupa bagian tina komitmen Aliansi Nusantara dina ngarojong pelestarian budaya Indonesia, hususna budaya Sunda.
Numutkeun maranéhna, ilubiungna generasi ngora dina miéling HUT ka-9 Aliansi Nusantara lain saukur jadi pangeusi acara, tapi ogé minangka lambang estapét pelestarian seni jeung budaya ka generasi panerus.
"Kami ngahaja ngondang murid-murid SMAN 5 Karawang lantaran maranéhna geus ngabuktikeun préstasi sakaligus kapadulian kana seni budaya. Kahadiran maranéhna jadi bukti yén generasi ngora miboga peran anu penting dina ngamumulé budaya bangsa. Ieu saluyu jeung sumanget HUT ka-9 Aliansi Nusantara, nyaéta Ngawangun Daérah, Ngajaga Kadaulatan Bangsa," saur Anna jeung Renata.
Maranéhna ngaharepkeun pintonan Tari "Gesit Jabar", anu ngangkat carita Ksatria Sunda, sanggup mere ilham ka generasi ngora séjén sangkan terus mikanyaah, ngamumulé, jeung mekarkeun kabeungharan budaya Nusantara minangka bagian tina jati diri bangsa.***


Komentar