Tantan Sulthon Bukhawan Pinilih Ketua PWI Jawa Barat Periode 2026–2031

Tantan Sulthon Bukhawan Pinilih Ketua PWI Jawa Barat Periode 2026–2031


BANDUNG — Warta Sunda Online,-

Tantan Sulthon Bukhawan kapilih janten Ketua Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Jawa Barat pikeun période 2026–2031. Anjeunna meunangkeun sora panglobana dina Konferensi Provinsi (Konferprov) PWI Jawa Barat anu lumangsung di Hotel Horison, Kota Bandung, Rebo (12/8/2026) peuting.

Sanggeus kapilih, Tantan negeskeun yén sakumna anggota PWI Jawa Barat téh mangrupa hiji kulawarga gedé. Ku kituna, réngséna Konferprov kudu dijadikeun momentum pikeun babarengan nguatkeun organisasi sarta ngamajukeun kahirupan pers di Jawa Barat.

Urang téh hiji kulawarga gedé PWI Jawa Barat. Konferprov parantos réngsé, ayeuna waktuna urang gerak babarengan pikeun ngamajukeun organisasi,” saur Tantan.

Anjeunna ogé ngahaturkeun nuhun sarta pangajén ka sakumna anggota PWI Jawa Barat anu parantos ngagunakeun hak pilihna sacara démokratis.

Numutkeun Tantan, kameunangan dina Konferprov lain milik pribadi, tapi mangrupa kameunangan sakumna kulawarga gedé PWI Jawa Barat.

Kameunangan ieu sanés milik pribadi, tapi kameunangan sakumna kulawarga gedé PWI Jabar,” pokna.

Tantan ogé nyatakeun siap muka rohangan komunikasi sarta ngarangkulan sakumna pihak, kaasup para pendukung calon séjén dina kontestasi kapamimpinan PWI Jawa Barat.

Anjeunna ngajak sakumna konstituén pikeun babarengan ngajaga solidaritas jeung nguatkeun kapengurusan PWI ka hareup.

Dumasar kana hasil pemilihan, Tantan meunang 444 sora tina 699 sora anu asup. Sedengkeun pesaingna, Hardiyansyah anu akrab disaur Kang Andhy, meunang 247 sora. Aya 6 sora henteu sah sarta 2 pamilih abstain.

Hasil éta ngajadikeun Tantan unggul 197 sora ti pesaingna.

Sanggeus Konferprov réngsé, Tantan ngajak sakumna jajaran PWI Jawa Barat pikeun museurkeun perhatian kana ngaronjatkeun kapasitas jurnalistik, ngalaksanakeun Kode Etik Jurnalistik (KEJ), sarta ngajaga integritas PWI salaku salah sahiji pilar penting dina kahirupan démokrasi.

Dina Konferprov éta, Tantan Sulthon Bukhawan mawa visi “PWI Jabar Istimewa”, kalayan tagline “Wartawanna Kompeten, Organisasina Hebat, Anggotana Maju.”

Visi éta ditarjamahkeun ckana lima pilar utama, nyaéta kompeten, terlindungi, sejahtera, adaptif, sarta kuat nepi ka tingkat daérah.

Pilar kompeten diarahkan pikeun ngaronjatkeun kualitas jeung profesionalisme wartawan. Pilar perlindungan museur kana jaminan perlindungan hukum jeung profesi. Sedengkeun pilar kasejahteraan dipiharep bisa ngaronjatkeun taraf hirup anggota jeung kulawargana.

Samentara éta, pilar adaptif nyorot pentingna kamampuhan wartawan dina nyanghareupan parobahan téknologi digital jeung multimedia. Pilar kuat nepi ka daérah ditujukeun pikeun nguatkeun konsolidasi organisasi nepi ka tingkat kabupaten/kota.

Dina widang program, Tantan ogé nyiapkeun sababaraha agenda strategis, di antarana program 1.000 UKW gratis, penguatan advokasi jeung perlindungan hukum, perluasan jaminan sosial jeung kaséhatan, pelatihan digital jeung multimedia, konsolidasi organisasi, sarta pangwangunan kemitraan strategis jeung pamaréntah daerah, perguruan tinggi, BUMN, jeung dunya usaha.

Salian ti éta, solidaritas internal bakal terus dikuatkeun ngaliwatan kagiatan diskusi, seminar, paningkatan wawasan kabangsaan jeung jurnalistik, ogé neruskeun program-program positif ti kapengurusan saméméhna.

Ku kapilihna Tantan Sulthon Bukhawan, harepan anyar muncul sangkan PWI Jawa Barat bisa leuwih kompak, profesional, adaptif kana jaman digital, sarta mampuh méré mangpaat nyata pikeun sakumna anggota di kabupaten/kota.***

Komentar

Postingan Populer