SMPN 1 & 3 Sukatani Pengukuhan Paskibra Desa Sukajaya, Jadi Bagian Persiapan HUT RI ka-81

SMPN 1 & 3 Sukatani Pengukuhan Paskibra Desa Sukajaya, Jadi Bagian Persiapan HUT RI ka-81



SUKATANI — Warta Sunda Online,- Dina raraga nyiapkeun palaksanaan upacara miéling HUT Kamerdikaan Républik Indonésia ka-81 taun 2026, Pamaréntah Désa Sukajaya, Kecamatan Sukatani, Kabupaten Purwakarta, ngalaksanakeun kagiatan pengukuhan PASKIBRA/PASKIBRAKA.


Pengukuhan Paskibra/Paskibraka Sukajaya di lokasi Bukit Rasa Gunung Sembung, Sukajaya, Ahad, 16/8/2026 18.30 Wib.*

Kagiatan pengukuhan dijadwalkeun lumangsung dina Minggu, 16 Agustus 2026, dimimitian tabuh 18.00 WIB nepi ka réngsé, tempatna di Bukit Rasa Gunung Sembung, Sukajaya.

Dumasar kana surat undangan resmi Pamaréntah Désa Sukajaya Nomor 005/041.Pemdes/2026, kagiatan éta ditujukeun ka para kolot atawa wali anggota Paskibra/Paskibraka pikeun ngahadiran prosesi pengukuhan.

Kepala Désa Sukajaya, Nirwan Hermawan, dina suratna ngajelaskeun yén pengukuhan téh dilaksanakeun minangka bagian tina raraga miéling HUT Kamerdikaan RI ka-81.

Pengukuhan Paskibra miboga harti penting pikeun para anggota anu bakal ngalaksanakeun tugas dina upacara kamerdikaan. Salian ti jadi simbol kasiapan anu ngalaksanakeun amanah, prosesi ieu ogé dipiharep bisa nguatkeun rasa disiplin, tanggung jawab, nasionalisme, jeung rasa hormat kana perjuangan para pahlawan.

Para anggota Paskibra anu geus meunang kapercayaan pikeun ngalaksanakeun tugas dina upacara HUT RI dipiharep bisa ngalaksanakeun amanah kalayan daria, disiplin, sarta pinuh ku rasa tanggung jawab.

Kagiatan ieu ogé jadi salah sahiji bagian penting dina nyiapkeun rangkay peringatan HUT Kamerdikaan RI ka-81 di Désa Sukajaya. Partisipasi kolot atawa wali dipiharep bisa jadi pangrojong moral pikeun para anggota Paskibra anu bakal ngalaksanakeun tugasna.

Ku ayana pengukuhan éta, sumanget para nonoman Désa Sukajaya dipiharep beuki ngagedur dina ngeusian kamerdikaan ngaliwatan prestasi, disiplin, jeung pangabdian ka masarakat.


Pasukan Pengibar Bendera Sukajaya 2026


1. Abyan Abdul Basit

2. Mixel Kanit

3. Jelita Khaza Khorunisa

4. Nowaf Akmaludin

5. Neng Yasmin Azzahra

6. Kayla Hasna Izz-zahra

7. Widirahani

8. Tahma Rahayu Rizkia

9. Namira Nur Alipa

10. Saskia Layla

11. Dini Indriani

12. Arin Fitrianti

13. Dzikri Ahman Rifai

14. Moch Muwahid Ismaya

15. M Asefa Sastra Setianto

16. M Rifki Arahmab Alfarizi

17. M Iksan Prayuda

18. Tonton Dangu

19. Erina Fitriya

20. Desri Yanti Sinurat

21. Rachel As-syifa Devan

22. Zaskia Jahrani Putri

23. Eva Aprilia Putri

24. Karin Puspitasari

25. Salma Febrianti

26. Naswa Aulia Zahra

27. Salwa Almugni

28. Eka Saputra Febrian

29. Dwi Putri Hasanah

30. Devina Nur Aeni

31. Bunga Velika Nadi Syirin

32. Aulia Fitri Ramadani

33. Audina Hirup Iclasi

34. Sanelia Nur Fiani Rizky

35. Kaviesya Humaira

36. Asna Salsabila Setiawan

37. Nur Sifa

38. Keyla Sefana Anjani

39. Neng Yasmin Azzahra


MC : Zaskia Putri Nabila

Do'a : Kinara Raisa Purnama


Kolaborasi siswa-siswi SMPN 1 Sukatani jeung SMPN 3 Sukatani Purwakarta.


Pembina:

Inggit Abdul Wahid, S.Pd


Pelatih Utama:

Deki Tirtana


Pelatih Pendamping:

1. Selvina Secilia

2. Sirinatunnajah

3. Liana Natalia

4. Cantik Putri

5. Paujiah

“Nyangking amanah, ngajaga disiplin, sarta ngukuhkeun sumanget nasionalisme pikeun Indonésia.”***

Komentar

Postingan Populer