Semarak Gebyar Maulid 1448 H di MI Al-Muhajirin Kampus 4, Nanjeurkeun Cinta Rasul jeung Akhlak Mulya
Semarak Gebyar Maulid 1448 H di MI Al-Muhajirin Kampus 4, Nanjeurkeun Cinta Rasul jeung Akhlak Mulya
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
MI Al-Muhajirin ngalaksanakeun kagiatan Peringatan Maulid Nabi Muhammad SAW 1448 Hijriah kalayan pinuh ku sumanget kaagamaan. Ieu kagiatan jadi hiji momentum pikeun ngaronjatkeun kanyaah warga madrasah, hususna para siswa, ka Nabi Muhammad SAW sarta ngajarkeun ajén-ajén Al-Qur'an dina kahirupan sapopoé.
Dina kasempetan éta, Ketua Panitia Peringatan Maulid Nabi Muhammad SAW 1448 H, Udan Ahmad nepikeun rasa sukur ka Allah SWT lantaran sakabéh runtuyan kagiatan bisa dilaksanakeun kalayan rojongan ti rupa-rupa pihak.
Panitia ogé ngahaturkeun wilujeng sumping sarta nuhun ka Ibu Direktorat 3, Hj. Kiki Nuzakiah Aisyah, S.S.I., M.H., Kepala Desa Sukatani, Kepala Madrasah, para guru, wali murid, jeung sakumna siswa-siswi MI Al-Muhajirin anu geus babarengan ngarojong jeung nyukséskeun ieu acara mulya.
Pikeun ngamumulé jeung miéling kalahiran Kangjeng Nabi Muhammad SAW, panitia ngayakeun rupa-rupa pasanggiri nu miboga ajén islami. Pasanggiri éta lain ngan saukur jadi ajang paséa kamampuh, tapi ogé minangka sarana pikeun numuwuhkeun bakat, kréativitas, jeung kacintaan barudak kana Al-Qur'an sarta Rasulullah SAW.
"Lomba, Beasiswa Pendidikan, jeung Dongéng Islami Kak Jastin Kurnia Warnai Pangéling-ngéling Maulid Nabi Muhammad SAW"
Runtuyan pasanggiri anu dilaksanakeun ngawengku:
- Pasanggiri MQK (Musabaqah Qiroatil Qur'an);
- Pasanggiri Syarhil Qur'an;
- Pasanggiri Sholawat Badar;
- Pasanggiri Mahalul Qiyam;
- Pasanggiri Nyieun Kaligrafi;
- Pasanggiri Ngawarnaan Kaligrafi; jeung
- Pasanggiri Tumpeng Kreatif.
Ku ayana rupa-rupa kagiatan éta, dipiharep bisa jadi rohangan pikeun para siswa-siswi MI Al-Muhajirin dina némbongkeun kamampuh jeung bakatna, boh dina widang kaagamaan boh dina widang seni jeung kréativitas.
Kajaba ti eta, kagiatan ieu jadi bagian tina semarakna pangéling-ngéling Maulid Nabi. Di antarana aya lomba tumpeng, pengumuman para juara lomba Agustusan jeung lomba Maulid, sarta pamasihan Beasiswa Pendidikan Dana GASIBU MI Al-Muhajirin.
Ketua Panitia ngaharepkeun sangkan kagiatan Peringatan Maulid Nabi Muhammad SAW ieu bisa beuki ngaraketkeun tali silaturahmi antara pihak madrasah, guru, kolot murid, jeung para siswa.
Lain halna nu kasauran Kepala MI Al-Muhajirin Kampus 4, Mida Maulidaniah, S.Ud, M.Pd, ieu kagiatan ogé dipiharep bisa ngalahirkeun generasi-generasi unggul anu miboga akhlak Qurani, resep diajar, miboga karakter anu hadé, sarta boga rasa kanyaah anu jero ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Miéling Maulid Nabi henteu cukup ukur ku ngalaksanakeun acara sérémonial. Nu leuwih penting nyaéta kumaha umat Islam, hususna generasi ngora, bisa nuturkeun jeung nerapkeun akhlak Rasulullah SAW dina kahirupan sapopoé.
Ajén-ajén sapertos jujur, disiplin, resep kana élmu pangaweruh, tanggung jawab, sarta silih nyaah ka sasama kudu jadi bagian tina atikan karakter pikeun barudak.
Ku kituna, Peringatan Maulid Nabi Muhammad SAW 1448 H di MI Al-Muhajirin dipiharep henteu ngan ukur jadi hiji kagiatan taunan, tapi jadi momentum pikeun nguatkeun atikan agama jeung karakter para siswa.
Panitia ogé ngahaturkeun hapunten saupama dina lumangsungna sakabéh kagiatan masih kénéh aya kakurangan.
Mugia sakumna ikhtiar jeung partisipasi ti sakabéh pihak janten amal kahadéan sarta meunang rahmat jeung ridho ti Allah SWT.
Anu jadi salah sahiji daya tarik dina ieu acara nyaéta hadirna Kak Jastin Kurnia, saurang pendongéng Islami, anu nepikeun carita-carita atikan sarta ajén-inajén kaislaman ka para siswa ku cara anu pikaresepeun jeung gampang kaharti.***



Komentar