Perlindungan Korban Budak Jadi Perhatian, Hak Sakola jeung Kapastian Hukum
Perlindungan Korban Budak Jadi Perhatian, Hak Sakola jeung Kapastian Hukum
PURWAKARTA — Warta Sunda Online,- Penanganan perkara anu diduga ngalibetkeun saurang budak awéwé di Kabupaten Purwakarta henteu ngan ukur patali jeung prosés hukum. Perlindungan ka korban, pamulihan kaayaan budak, ogé kalumangsungan atikanana jadi hal anu penting pikeun diperhatikeun.
Dina kaayaan saperti kieu, korban anu masih kénéh budak perelu meunang pangaping jeung pendampingan sangkan bisa ngaliwatan prosés hukum tanpa meunang tekanan atawa stigma tambahan. Hak budak pikeun meunang atikan jeung perlindungan ogé kudu tetep jadi prioritas.
Dina kasempetan éta, pihak UPTD PPA Dinsos P3A (Dinas Sosial, Pemberdayaan Perempuan dan Perlindungan Anak) Kabupaten Purwakarta, Dandi Prima Kusumah, SH via WhatsApp na, luyu kana layanan anu patali jeung perlindungan pikeun awéwé jeung budak anu jadi korban kekerasan.
Ayana layanan éta dipiharep bisa jadi salah sahiji jalan pikeun korban jeung kulawargana meunang pendampingan sarta perlindungan luyu jeung kabutuhan jeung aturan anu berlaku.
Kukituna, masalah atikan ogé jadi hal anu teu éléh penting. Lamun saurang budak nepi ka eureun sakola lantaran keur nyanghareupan hiji perkara, perlu aya perhatian ti rupa-rupa pihak sangkan kaayaan éta henteu nepi ka megatkeun masa depan atikan korban.
Pihak sakola, kulawarga, pamaréntah daerah, jeung lembaga anu patali dipiharep bisa gawé bareng pikeun mastikeun kapentingan anu panghadéna pikeun budak tetep jadi prioritas.
Kulawarga Ngantosan Kapastian
Di sisi séjén, kulawarga korban masih ngantosan katerangan ngeunaan perkembangan perkara anu geus dilaporkeun ka aparat penegak hukum.
Masarakat ogé ngantosan kumaha perkembangan perkara éta sarta naha prosés hukum bisa lumangsung sacara transparan luyu jeung aturan anu berlaku.
Nanging, lantaran perkara masih dina prosés, sagala informasi ngeunaan pihak anu dilaporkeun kudu tetep ditempo dumasar kana asas praduga teu boga salah nepi ka aya putusan pangadilan anu geus boga kakuatan hukum tetep.
Ulah Nepi Korban Kaleungitan Masa Depan
Hal anu jadi perhatian utama lain ngan kumaha prosés hukumna lumangsung, tapi ogé kumaha kahirupan korban sanggeus perkara éta.
Budak anu jadi korban kekerasan perelu meunang rasa aman, pangaping, pamulihan, sarta kasempetan pikeun balik deui ngararancang masa depanna.
Ku kituna, perhatian masarakat ayeuna museur kana hiji patalékan penting: naha prosés penanganan perkara ieu bakal terus lumangsung nepi ka méré kapastian pikeun kulawarga, bari mastikeun korban tetep meunang hak atikan jeung pendampingan pikeun ngawangun deui masa depanna?
Jawabanana tangtu merlukeun gawé babarengan antara aparat penegak hukum, pamaréntah daerah, lembaga perlindungan budak, kulawarga, pihak sakola, jeung masarakat.***
Warta Sunda Online bakal terus ngusahakeun nyajikeun informasi anu saimbang bari tetep ngajaga identitas jeung privasi korban anu masih kénéh budak.


Komentar