Miéling HUT ka-9 Aliansi Nusantara jeung Panglantikan Pangurus DPW-DPC, Ngukuhkeun Sumanget Ngawangun Daérah jeung Ngajaga Kadaulatan Bangsa

Miéling HUT ka-9 Aliansi Nusantara jeung Istrenan Pangurus DPW-DPC, Ngukuhkeun Sumanget Ngawangun Daérah jeung Ngajaga Kadaulatan Bangsa




JAKARTA – Warta Sunda Online,- Aliansi Nusantara ngayakeun miéling Hari Ulang Tahun (HUT) ka-9 anu dirangkay ku panglantikan pangurus Dewan Pimpinan Wilayah (DPW) jeung Dewan Pimpinan Cabang (DPC), santunan barudak yatim, sarta pintonan seni budaya di Rohangan GBHN, Gedong MPR/DPR RI, Jakarta, Saptu (1/8/2026).

Ngagem téma "Ngawangun Daérah, Ngajaga Kadaulatan Bangsa", ieu kagiatan jadi momen penting pikeun Aliansi Nusantara dina ngukuhkeun komitmen pikeun ngaraketkeun tali duduluran, ngamumulé kebersamaan, sarta ngaronjatkeun pangabdian ka masarakat, bangsa, jeung nagara.



Ti saprak diadegkeun salapan taun ka tukang, Aliansi Nusantara konsistén jadi wadah nu ngahijikeun rupa-rupa unsur masarakat dina sumanget persatuan jeung gotong royong. Organisasi ieu ogé aktip nyalurkeun aspirasi masarakat, ngadorong pangwangunan sosial, ngamumulé budaya, sarta ngarojong pangwangunan daérah anu adil tur lestari.

Ketua Umum Aliansi Nusantara, Drs. T. Budiman Soelaiman, MSAB., M.I.Kom., nétélakeun yén umur salapan taun mangrupa léngkah penting pikeun organisasi sangkan beuki ngaronjatkeun peran jeung kontribusina dina kahirupan bermasarakat, berbangsa, jeung bernegara.

Numutkeun anjeunna, ngaliwatan ieu kagiatan, Aliansi Nusantara negeskeun deui komitmen pikeun ngawangun sinergi anu kuat jeung pamaréntah, palaku usaha, tokoh masarakat, organisasi kamasarakatan, sarta sakumna unsur bangsa dina ngarojong pangwangunan nasional anu dimimitian tina kamajuan daérah.

Salah sahiji agenda utama dina ieu kagiatan nyaéta pelantikan (Istrenan) pangurus DPW DKI Jakarta, ogé DPC Kota Depok, Kota Bekasi, jeung Bogor Raya. Istrenan ieu dipiharep bisa nguatkeun struktur organisasi sangkan leuwih solid, profésional, sarta mampuh ngajawab rupa-rupa tangtangan pangwangunan di unggal wewengkon ngaliwatan gawé bareng jeung sakumna unsur masarakat.

Salian ti éta, Aliansi Nusantara ogé ngayakeun santunan pikeun barudak yatim minangka wujud nyata kapadulian sosial organisasi. Ieu program dipiharep bisa méré mangpaat langsung ka masarakat anu ngabutuhkeun.

Pikeun ngaronjatkeun sumanget kabangsaan jeung ngamumulé kabudayaan, runtuyan acara ogé dihias ku pintonan seni budaya Nusantara anu nembongkeun rupa-rupa kabeungharan budaya Indonesia. Kagiatan ieu jadi sarana pikeun ngaraketkeun tali silaturahmi sarta nguatkeun jati diri bangsa di tengah karagaman.

Kira-kira 150 urang milu dina ieu acara, di antarana pangurus jeung anggota Aliansi Nusantara, tokoh masarakat, wawakil pamaréntah daérah, palaku UMKM, organisasi kamasarakatan, sarta barudak yatim anu jadi bagian tina program santunan.

Ngaliwatan miéling HUT ka-9 ieu, Aliansi Nusantara miharep sangkan tali silaturahmi beuki pageuh, solidaritas beuki kuat, sarta sumanget pangabdian pikeun ngarojong kamajuan daérah jeung karaharjaan masarakat Indonesia beuki ngaronjat.

Aliansi Nusantara ogé ngondang sakumna unsur masarakat pikeun babarengan ngawangun daérah, ngajaga persatuan, sarta ngukuhkeun kadaulatan bangsa demi ngawujudkeun Indonesia anu maju, adil, makmur, tur mampuh bersaing di tingkat nasional jeung global.***

Komentar

Postingan Populer