MARSETISH Siap Ngabuktikeun Eksistensi Black Metal Purwakarta di BOGOR
MARSETISH Siap Ngabuktikeun Eksistensi Black Metal Purwakarta di BOGOR
PURWAKARTA — Warta Sunda Online,-
Band black metal asal Kabupaten Purwakarta, Marsetish, bakal balik deui ngagebrag panggung musik nasional. Band anu geus ngadeg ti taun 2003 ieu dijadwalkeun manggung di Kota Bogor, Jawa Barat, dina 11 Oktober 2026, bareng jeung sababaraha band black metal papan luhur Indonesia.
Saméméhna, Marsetish suksés tampil dina acara JBM (Jakarta Black Metal) di Ibu Kota. Penampilan éta jadi salah sahiji momen penting pikeun Marsetish dina ngawanohkeun deui musik jeung karya band asal Purwakarta ka skena musik ekstrem nasional.
Marsetish digawangi ku Acoh salaku gitaris sakaligus leader, Boyang dina vokal, Dathuck salaku basis, Vivi dina drum, sarta Ntuy salaku pamaén melodi.
Ti mimiti ngadeg leuwih ti dua dasawarsa katukang, Marsetish ogé geus remen tampil di rupa-rupa wewengkon di Nusantara, di antarana Bali, Surabaya, Semarang, Yogyakarta, Bekasi, Depok, nepi ka Indramayu.
Ayeuna, panggung di Kota Bogor jadi salah sahiji agenda penting pikeun Marsetish. Penampilan ieu dipiharep bisa jadi kabanggaan pikeun para panggemar musik metal di Purwakarta, sakaligus ngabuktikeun yén musisi ti daerah ogé bisa ngambah panggung nasional.
Kalayan sumanget mawa ngaran Purwakarta ka rupa-rupa panggung, Marsetish siap deui ngagebrag skena black metal Indonesia dina bulan Oktober 2026.
Purwakarta Istimewa! 🔥🔥🔥


Komentar