Marlin Swimming School Tuntaskan Rangkaian Lomba HUT RI ka-81
Marlin Swimming School Tuntaskan Rangkaian Lomba HUT RI ka-81
PURWAKARTA — Warta Sunda Online,- Saniskara perlombaan dina raraga miéling Hari Ulang Tahun (HUT) Kamerdikaan Républik Indonésia ka-81 geus réngsé dilaksanakeun. Kagiatan éta jadi momen penting pikeun para atlet ngora Marlin Swimming School pikeun ngasah kamampuh, disiplin, kapercayaan diri, sarta ménta pangalaman tina unggal pertandingan.
Perwakilan Pihak Marlin Swimming School ngalewatan Coach Aam, Agung Ismail, Jeje, Anggun sarta Reisya, ngahaturkeun rewu-rewu nuhun rasa syukur ka sakumna kolot atlet anu geus méré dukungan, sumanget, waktos, sarta kapercayaan ka para atlit salila nuturkeun runtuyan perlombaan.
Dukungan ti kolot jeung pelatih dianggap penting pikeun nguatkeun sumanget barudak dina nyanghareupan unggal pertandingan. Henteu ngan ukur ngeunaan hasil kompetisi, tapi ogé kumaha para atlet diajar ngeunaan perjuangan, disiplin, sportivitas, jeung tanggung jawab.
Marlin Swimming School ogé ngahaturkeun hapunten lamun dina ngalaksanakeun sakabéh runtuyan kagiatan masih aya kakurangan, boh dina komunikasi boh dina méré arahan ka para atlet. Sagala kakurangan éta baris dijadikeun bahan évaluasi pikeun ngaronjatkeun kualitas pembinaan ka hareupna.
Pangalaman anu dicangking tina kompetisi ieu dipiharep bisa jadi motivasi pikeun para atlet sangkan leuwih rajin latihan, disiplin, percaya diri, sarta tetep handap asor.
“Hayu urang terus prosés, terus latihan, jeung terus berjuang babarengan. Sabab unggal tetes kesang ayeuna mangrupa bagian tina carita kasuksésan maranéhna di mangsa nu bakal datang,” kitu pesen Marlin Swimming School.
Dina moméntum HUT Kamerdikaan RI ka-81, Marlin Swimming School ogé ngajak sakumna atlet pikeun terus ngamekarkeun poténsi jeung ngudag prestasi ngaliwatan latihan anu konsisten.
Dirgahayu Républik Indonésia ka-81. Terus Melaju!
Marlin Swimming School — Be A Winner. 🏊♀️🏊♂️🇮🇩



Komentar