Kecamatan Tegalwaru Curi Start Miéling HUT RI 2026, Warga Antusias Ngareuah-reuah Agustusan
Kecamatan Tegalwaru Curi Start Miéling HUT RI 2026, Warga Antusias Ngareuah-reuah Agustusan
Tegalwaru – Warta Sunda Online,-
Kecamatan Tegalwaru mimiti "curi start" dina ngareuah-reuah miéling HUT ka-81 Kamerdékaan Republik Indonesia Taun 2026. Rupa-rupa pasanggiri jeung kagiatan geus disusun pikeun ngahudang sumanget kabangsaan sarta ngaraketkeun silaturahmi warga sa-Kecamatan Tegalwaru.
Sakabéh runtuyan acara geus diumumkeun ngaliwatan spanduk anu dipasang ku panitia, sangkan masarakat apal kana jadwal kagiatan Agustusan anu bakal lumangsung salila sasih Agustus.
Ketua Panitia PHBN Kecamatan Tegalwaru Taun 2026, Unang Ali Rusyana, S.E., anu sapopoéna ngajabat salaku Kasi Kesejahteraan Sosial Kecamatan Tegalwaru, nétélakeun yén lomba perdana, nyaéta Senam Kreasi jeung Yel-yel PKK Désa sa-Kecamatan Tegalwaru, bisa lumangsung kalayan lancar luyu jeung rencana.
"Alhamdulillah, kagiatan lomba Senam Kreasi jeung Yel-yel PKK Désa sa-Kecamatan Tegalwaru tiasa lumangsung kalayan hadé. Ieu mangrupa awal pikeun ngamumulé sumanget Agustusan di tengah masarakat," saur Unang.
Numutkeun anjeunna, ieu kagiatan ngalibetkeun rupa-rupa unsur, ti mimiti aparat kecamatan, aparat désa, kalangan atikan, nepi ka organisasi kamasarakatan. Tujuanana lain saukur ngayakeun pasanggiri, tapi ogé nguatkeun rasa kabersamaan jeung nasionalisme.
Dina kasempetan éta, Camat Tegalwaru, Endang Saepudin, SKM., KP, ngedalkeun rasa reueusna ningali sumanget warga anu kacida antusiasna dina ngareuah-reuah Agustusan. Anjeunna ngaharepkeun sumanget gotong royong jeung kabersamaan terus dijaga pikeun kamajuan Tegalwaru.
Lain halna ceuk, Wakil Ketua Panitia, H. Ahmad Sudar, S.Pd.I., S.Pd., M.M., ogé nyatakeun rojongan pinuh kana sakabéh runtuyan kagiatan. Anjeunna ngadorong para guru jeung tenaga pendidik pikeun ilubiung sarta ngarojong kasuksésan acara Agustusan taun ieu.
Saniskara runtuyan kagiatan PHBN Kecamatan Tegalwaru Taun 2026 nyaéta:
- 6 Agustus 2026: Lomba Yel-yel jeung Senam Kreasi.
- 7 Agustus 2026: Lomba Nyanyikeun Lagu Mars PKK.
- 10 Agustus 2026: Lomba Ngahias Nasi Liwet.
- 12 Agustus 2026: Lomba Cerdas Cermat Kader Posyandu.
- 12–13 Agustus 2026: Turnamén Ténis Méja.
- 15–16 Agustus 2026: Turnamén Bola Voli Putri antar-SPPG sa-Kecamatan Tegalwaru.
- 17 Agustus 2026: Upacara Pangibaran Bandéra, Karnaval Kamonesan, jeung Lomba Kreasi Tumpeng.
- 27 Agustus 2026: Panutupan, Jalan Santai, sarta Pembagian Hadiah.
Kalayan rupa-rupa kagiatan éta, Kecamatan Tegalwaru miharep peringatan HUT RI Taun 2026 henteu ngan ukur jadi ajang hiburan, tapi ogé janten sarana pikeun nguatkeun rasa persatuan, gotong royong, jeung cinta ka tanah air di lingkungan masarakat.***

Komentar