Jamran Wanayasa 2026 Ngahijikeun 770 Pramuka, _Ngawangun Karakter jeung Sumanget Silih Duduluran
Jamran Wanayasa 2026 Ngahijikeun 770 Pramuka, Ngawangun Karakter jeung Sumanget Silih Duduluran
WANAYASA — Warta Sunda Online,-
Jambore Ranting (Jamran) Kwartir Ranting Gerakan Pramuka Wanayasa taun 2026 dilaksanakeun salila tilu poé, ti tanggal 13 nepi ka 15 Agustus 2026, di Giri Tirta Kahuripan (Porlak Jahe), Désa Taringgul Tonggoh, Kecamatan Wanayasa, Kabupaten Purwakarta.
Kagiatan anu diiluan ku anggota Pramuka Penggalang sa-Wilayah Kwarran Wanayasa ieu ngusung téma “Bersama Pramuka, Kita Hebat!”, kalayan slogan “Siap Berpetualang!”. Sedengkeun ajén anu rék dipelakkeun ka para peserta nyaéta Beriman, Berilmu, sarta Berbakti.
Ketua Panitia Jamran Wanayasa 2026, Hendar Afriadi, S.Pd, oge salaku guru di SDN 1 Taringgul Tonggoh, dilokasi Juma'ah 14/8/2026, inyana nétélakeun yén Jamran lain saukur kagiatan kémping, tapi jadi sarana pikeun ngawangun karakter, ningkatkeun kaparigelan, sarta nguatkeun rasa duduluran sasama antar anggota Pramuka.
“Jamran ieu dipiharep bisa jadi pangalaman anu pikaresepeun jeung ngadidik pikeun sakumna peserta. Maranéhna diajar mandiri, disiplin, gawé bareng, boga kawani, sarta leuwih nyaah kana alam,” pokna.
Dumasar kana data panitia, jumlah peserta anu milu dina Jamran Wanayasa 2026 ngahontal 770 urang. Rincianna, tingkat SD diiluan ku 34 pangkalan, masing-masing ngirimkeun 20 peserta. Sedengkeun tingkat SMP/MTs jeung SLB aya 9 pangkalan, masing-masing ngirimkeun 10 peserta.
Kagiatan ieu ogé dirojong ku 30 urang panitia, 20 urang Dewan Kerja Ranting (DKR), sarta 30 urang Sangga Kerja.
Salila tilu poé, para peserta ngeusian kagiatan ku rupa-rupa acara, di antarana upacara bubuka jeung panutupan, petualangan jeung penjelajahan alam, lomba kaparigelan Pramuka saperti pioneering jeung sandi-sandi, pentas seni budaya, malam api unggun, kagiatan kaagamaan, bakti lingkungan, sarta operasi semut.
Dina widang pembinaan karakter, Jamran ogé jadi média pikeun nguatkeun ajén Tri Satya jeung Dasa Darma Pramuka, luyu jeung motto “Satyaku Kudarmakan, Darmaku Kubaktikan.”
Salah sahiji kagiatan anu jadi bagian penting dina Jamran nyaéta pengukuhan 38 Pramuka Garuda ti lima pangkalan, nyaéta SMPN 1 Wanayasa, SMPN 2 Wanayasa, MTs Cipulus, SMP Al-Badar, sarta MTs YPMI Cipulus Wanayasa.
Wawakil peserta putra, Sehat Abdulloh ti SDN 1 Taringgul Tonggoh, jeung wawakil peserta putri, Nenden Kisti Awaliah ti MTs YPPA Cipulus, ngaku bungah bisa milu dina kagiatan kasebut.
Salian ti meunang pangalaman dina kagiatan Pramuka, duanana ogé ngarasa gumbira lantaran bisa silaturahmi jeung papanggih jeung peser
"Gumbira pisan, bisa kumpul jeung babaturan ti pangkalan séjén sarta meunang pangalaman anyar," ceuk wawakil peserta.
Dina kasempetan eta Ketua Kwarran Gerakan Pramuka Wanayasa, Iyan Sudiyana, S.Pd, ngeceskeun yen milihna lokasi di Giri Tirta Kahuripan (Porlak Jahe) ogé méré suasana anu béda pikeun para peserta. Lingkungan alam anu masih karasa asri jadi tempat anu cocog pikeun ngalatih kamandirian, gawé babarengan, sarta kasadaran pikeun ngajaga lingkungan.
Identitas Jamran Wanayasa 2026 ogé dirépréséntasikeun ngaliwatan unsur-unsur dina logona. Tangkal pinus ngalambangkeun kalestarian alam Wanayasa, sedengkeun gunung ngagambarkeun identitas geografis Gunung Burangrang jeung sumanget jelajah.
Anapon Kitu tema sarta maskot kagiatan ieu ngandung Harti Lambang Pramuka ngagambarkeun jiwa kapanduan jeung pangabdian. Tokoh panahan ngalambangkeun katangkasan, fokus jeung kawani, sedengkeun gambar jabat tangan ngagambarkeun duduluran, gawé babarengan jeung gotong royong. Aya ogé gambar tenda anu ngagambarkeun sumanget hirup mandiri di alam terbuka.
Ngaliwatan Jamran Wanayasa 2026, Gerakan Pramuka dipiharep terus jadi média pikeun nyiapkeun generasi ngora anu ceria, mandiri, disiplin, boga kaparigelan, resep gotong royong, sarta miboga rasa tanggung jawab.
Jamran ogé henteu ngan saukur jadi kagiatan kémping, tapi minangka tempat pikeun diajar jeung ngawangun pribadi Pramuka anu mandiri, tanggung jawab, siap berkarya, sarta satia kana janji jeung darma Pramuka.***
“Bersama Pramuka, Kita Hebat! Siap Berpetualang!”


Komentar