HUT Pramuka ka-65 di Purwakarta Jadi Momentum Laporan Kagiatan, Ngaliwatan LINK Kwarcab
HUT Pramuka ka-65 di Purwakarta Jadi Momentum Laporan Kagiatan, Ngaliwatan LINK Kwarcab
Peringatan Hari Ulang Tahun (HUT) Pramuka ka-65 di Kabupaten Purwakarta dipiharep henteu ngan saukur jadi seremoni taunan, tapi bisa dijadikeun momentum pikeun nguatkeun deui sumanget Tri Satya jeung Dasa Darma Pramuka dina kahirupan sapopoe.
Rangkaian kagiatan HUT Pramuka di Kwarran Sukatani taun ieu dipuseurkeun di SMKN 1 Sukatani. Ieu kagiatan jadi bagian tina tarékah pikeun ngahijikeun para penggiat kepramukaan, boh ti lingkungan sakola, Kwartir Ranting (Kwarran), Kwartir Cabang (Kwarcab), boh unsur séjén anu salila ieu aktip dina gerakan Pramuka.
Dina widang organisasi, Kwarcab Purwakarta ogé kungsi ngalaman mangsa kakosongan dina kapamingpinan. Sanggeus saméméhna dipingpin ku Ambu Anne, ayeuna kapamingpinan Kwarcab diteruskeun ku Ka Sadiyah. Kitu ditetelakeun ku Ketua Kwarran Gerakan Pramuka Sukatani, Umar, S.Pd, ka Warta Sunda nalika beres acara Upacara Miéling Pramuka di SMKN 1 Sukatani Purwakarta, 14/8/2026.
Inyana, ngajentrekeun ye dina raraga ngaraketkeun komunikasi jeung silaturahmi, rupa-rupa dokumentasi kagiatan anu aya patalina jeung kepramukaan, hususna rangkaian HUT Pramuka taun ieu, dipiharep bisa jadi bagian tina catetan jeung publikasi gerakan Pramuka di Kabupaten Purwakarta.
Dokumentasi jeung informasi ngeunaan rupa-rupa kagiatan saterusna bakal dihijikeun sarta disebarkeun ngaliwatan link grup Kwarran jeung Kwarcab sa-Kabupaten Purwakarta. Ku cara kitu, unggal kagiatan dipiharep bisa dipikanyaho ku para penggiat Pramuka séjén, sakaligus jadi bahan pangalaman babarengan.
Salian ti jadi ajang silaturahmi, HUT Pramuka ogé dipiharep bisa ngadorong sangkan ajén-inajén kepramukaan henteu ngan diterapkeun nalika aya kagiatan Pramuka, tapi jadi sikep jeung kabiasaan dina kahirupan sapopoe.
“Tujuanana pikeun ngahijikeun para penggiat kepramukaan. Ka hareupna, urang bisa silih apal, silih rojongan, sarta sumanget Pramuka bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoe, boh di lingkungan pendidikan boh di tengah-tengah masarakat,” ceuk Umar.
Lamun ningali kana palaksanaan taun saméméhna, HUT Pramuka di Kabupaten Purwakarta dilaksanakeun di SDN 1 Malangnengah kalayan kagiatan Pesta Siaga. Ari taun ieu, puseur kagiatan dipindahkeun ka SMKN 1 Sukatani, kalayan harepan bisa ngahijikeun leuwih loba unsur dina gerakan Pramuka.
Peringatan HUT Pramuka ka-65 tungtungna dipiharep henteu eureun dina upacara atawa seremoni wungkul. Leuwih ti éta, ieu momentum kudu bisa ngahirupkeun deui sumanget silih asah, silih asih, silih asuh, disiplin, gotong royong, jeung pangabdian ka masarakat.
Ku kituna, Pramuka henteu ngan saukur kagiatan di sakola, tapi jadi wadah pikeun ngawangun karakter generasi ngora sangkan leuwih mandiri, tanggung jawab, disiplin, sarta miboga rasa cinta ka lingkungan jeung masarakat.
HUT Pramuka ka-65 kudu jadi pangeling yén Tri Satya jeung Dasa Darma lain ngan ukur pikeun diucapkeun, tapi kudu diwujudkeun dina sikep jeung lampah nyata dina kahirupan sapopoe.***


Komentar