Heboh Dugaan Skandal Oknum Pejabat Purwakarta, Pihak Disnaker Menta Klarifikasi!

Heboh Dugaan Skandal Oknum Pejabat Purwakarta, Pihak Disnaker Menta Klarifikasi!



PURWAKARTA — Warta Sunda Online,-

Warga Purwakarta digegerkeun ku medarna publikasi ngeunaan dugaan skandal perselingkuhan anu nyangkut oknum pejabat di lingkungan Dinas Perhubungan (Dishub) jeung Dinas Ketenagakerjaan dan Transmigrasi (Disnakertrans) Kabupaten Purwakarta.


Dina sababaraha publikasi anu medar, disebutkeun aya dugaan hubungan pribadi antara oknum aparatur. Publikasi éta ogé nyebutkeun ayana sababaraha foto anu dikaitkeun jeung dugaan kajadian tersebut.


Patali jeung informasi éta, Sekretaris Dinas Tenaga Kerja dan Transmigrasi Purwakarta, Tuti Gantini, via WhatsAppna, Senen, 24/8/2026, inyana nyuhunkeun sangkan sagala informasi anu patali jeung masalah éta dikomunikasikeun heula sacara internal sarta henteu langsung nyantumkeun ngaranna dina pemberitaan saméméh aya koordinasi jeung atasan langsung.

Dina pesen anu disanggah ku Tuti bari  nyebutkeun yén dirina keur ngalaksanakeun rapat nalika loba pesen asup ka dirina ngeunaan pemberitaan tersebut.

“Abdi nuju rapat. Abdi tos protes,” saur anjeunna dina pesenna.

Tuti ogé negeskeun yén lamun aya hal anu rék diklarifikasi patali jeung persoalan éta, komunikasi saéna dilakukeun sacara berjenjang, utamana ka atasan langsungna.

“Koordinasina di darat atanapi ka atasan langsungna. Ulah langsung nami abdi ditulis, janten rame chat ka abdi, padahal abdi nuju rapat,” pokna.

Anjeunna ogé nyebutkeun yén klarifikasi tiasa disampeurkeun ka Kepala Bidang Lattas salaku atasan langsungna.

“Abdi atos protes ka nu ngadamel beritana,” ceuk anjeunna deui.

Dugi ka ayeuna, informasi ngeunaan dugaan perselingkuhan éta masih kedah dipastikeun ngaliwatan klarifikasi ti sakumna pihak anu disebutkeun dina publikasi. Ku kituna, dugaan anu medar di masarakat henteu acan tiasa dianggap minangka fakta anu parantos kabuktian.

Pikeun ngajaga prinsip praduga tak bersalah jeung kode etik jurnalistik, informasi anu nyangkut kahirupan pribadi jeung reputasi seseorang kedah diverifikasi sacara cermat, kalebet ménta katerangan ti pihak-pihak anu aya hubunganana.

Masarakat ogé dipiharep henteu buru-buru nyebarkeun deui foto atawa informasi anu can jelas sumber jeung bebeneranana, sangkan henteu nimbulkeun fitnah atawa ngarugikeun pihak anu can kabuktian salah.***

Komentar

Postingan Populer