DPD Golkar Purwakarta Magelarkeun Tasyakur jeung Santunan Barudak Yatim dina Miéling Milad ka-50 Taun Ketua Umum DPP Golkar
DPD Golkar Purwakarta Magelarkeun Tasyakur jeung Santunan Barudak Yatim dina Miéling Milad ka-50 Taun Ketua Umum DPP Golkar
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
Dewan Pimpinan Daerah (DPD) Partéy Golkar Kabupaten Purwakarta ngayakeun acara tasyakur dibarung ku santunan ka barudak yatim dina raraga miéling milad ka-50 taun Ketua Umum DPP Partéy Golkar. Ieu kagiatan lumangsung di Aula Kantor DPD Partéy Golkar Purwakarta, Juma'ah (7/8/2026).
Acara dihadiran ku jajaran pangurus DPD Partéy Golkar Purwakarta, para kader, tokoh masarakat, ogé puluhan barudak yatim anu narima santunan. Kagiatan dimimitian ku du'a babarengan minangka wujud rasa sukur, tuluy diteruskeun ku maparin santunan ka barudak yatim.
Sekretaris DPD Partéy Golkar Purwakarta, Dias Rukmana Praja, nétélakeun yén ieu kagiatan mangrupa wujud rasa sukur sakaligus bukti nyata kanya'ah sosial Partéy Golkar ka masarakat, hususna ka barudak yatim.
"Momentum milad ka-50 taun Ketua Umum DPP Partéy Golkar, Bapa Bahlil Lahadalia, ku urang dieusi ku kagiatan anu méré mangpaat pikeun masarakat. Salian ti muji sukur kana nambahan yuswa anjeunna, urang ogé hayang babagi kabagjaan jeung barudak yatim minangka bagian tina sumanget gotong royong jeung kapadulian sosial anu salawasna dijunjung ku Partéy Golkar," pokna.
Numutkeun Dias, kagiatan santunan ka barudak yatim téh saluyu jeung komitmen Partéy Golkar pikeun salawasna aya di tengah-tengah masarakat, lain ukur dina widang pulitik, tapi ogé dina rupa-rupa kagiatan kamanusaan anu méré mangpaat nyata.
Anjeunna miharep sangkan dina yuswa ka-50 taun ieu, Ketua Umum DPP Partéy Golkar, , salawasna dipaparin kasehatan, kakuatan, jeung kawijaksanaan dina mingpin partéy, sangkan Golkar beuki maju sarta mampuh terus méré pangabdian pikeun bangsa jeung nagara.
Kaayaan acara lumangsung haneut tur pinuh ku rasa kakulawargaan. Sakumna nu hadir ngadu'a sangkan Partéy Golkar tetep solid, beuki raket jeung masarakat, sarta terus ilubiung dina ngarojong pangwangunan, hususna di Kabupaten Purwakarta.***



Komentar