900 Pamilon Ngaguyub di Perkemahan Prestasi Kwarran Darangdan 2026, Jadi Wahana Ngawangun Karakter jeung Silaturahmi

 


900 Pamilon Guyub di Perkemahan Prestasi Kwarran Darangdan 2026, Jadi Wahana Ngawangun Karakter jeung Silaturahmi

DARANGDAN, Warta Sunda Online – Sumanget rancage jeung préstasi ngaguruh dina Perkemahan Prestasi Kwartir Ranting Gerakan Pramuka Darangdan Tahun 2026. Teu kurang ti 900 pamilon ti 45 pangkalan tingkat SD, SMP jeung MTs ngariung di Buper Halimun Puray/Peuray pikeun ngasah kaparigelan, ngawangun karakter, sakaligus ngaraketkeun tali silaturahmi antaranggota jeung pembina Pramuka, Saptu, 29/8/2026.

Kagiatan anu ngalibetkeun kurang leuwih 70 urang panitia éta dibuka ku Ketua Mabiran Darangdan, Mimid Munajat, anu ogé minangka Camat Darangdan.

 Panitia, Nyai Mulyati, S.Pd., Mg, nalika biantara dipayuneun Kak Mabiran Darangdan, Juma'ah, 28/8/2026.*

Ketua Kwarran Darangdan, Komarudin, nétélakeun yén jumlah pamilon anu milu dina kagiatan ieu ngahontal sakitar 900 urang, anu asalna ti 45 pangkalan.

Tina 45 pangkalan éta, 35 pangkalan tingkat SD, sedengkeun 10 pangkalan tingkat SMP jeung MTs.

Numutkeun Komarudin, Buper Halimun Puray/Peuray dipilih minangka lokasi kagiatan lantaran miboga sababaraha kaunggulan pikeun ngarojong kanyamanan para pamilon.

“Dipilihna lokasi ieu lantaran fasilitas sanitasina nyukupan, hawana henteu teuing panas, aksés jalan gampang, sarta fasilitas pangrojong séjénna ogé nyukupan,” pokna.

Buper Halimun Puray/Peuray sorangan mangrupa lokasi milik H. Muksin jeung Dr. Hj. Fauziah.

Rengrengan Mabigus Kwarran Darangdan.*

Samentara éta, Ketua Panitia, Nyai Mulyati, S.Pd., Mg, miharep kagiatan Perkemahan Prestasi Kwarran Darangdan 2026 bisa jadi leuwih ti saukur ajang perlombaan.

Numutkeun anjeunna, perkemahan ogé penting pikeun ngawangun komunikasi jeung kabersamaan antara para pembina jeung anggota ti unggal pangkalan.

Dipiharep ieu kagiatan tiasa janten ajang talisilaturahmi para pembina pangkalan sareng anggota pangkalan,” saur Nyai Mulyati.

Sajaba ti éta, rupa-rupa kagiatan anu dilaksanakeun dina perkemahan dipiharep bisa méré pangalaman langsung ka para peserta dina hal disiplin, kapamimpinan, gawé babarengan, kamandirian jeung tanggung jawab.

Pikeun ngajaga sangkan sakabéh runtuyan acara lumangsung kalayan lancar, panitia ngabentuk sababaraha seksi, di antarana widang acara, perkemahan putra jeung putri, perlombaan, kerohanian, perlengkapan, konsumsi, humas jeung publikasi, kaamanan, kaséhatan, dokumentasi, upacara, jeung kabersihan.

Perwakilan pamilon Pangkalan Gudep SDN 3 Depok - Darangdan, Purwakarta.*

Susunan Panitia Perkemahan Prestasi Kwarran Darangdan 2026

Pelindung: Ketua Mabiran Darangdan
Penanggung Jawab: Ketua Kwartir Ranting Gerakan Pramuka Darangdan
Pembina: Andalan Ranting Gerakan Pramuka Darangdan

Panitia Inti:
Ketua Panitia: Nyai Mulyati, S.Pd., Mg
Sekretaris: Nana Sumpena, S.Pd., Mg
Bendahara: Hj. Titin Martini, M.Pd

Acara:
Koordinator: Ujang Saepudin, S.Pd.I., Mg
Anggota: DKR

Lurah Perkemahan Putra:
Sutrisno Andi Winarta, M.Pd
Staf Kelurahan: Nana Sumpena

Lurah Perkemahan Putri:
Teti Kurniati, S.Pd.I., Mg
Staf Kelurahan: Nana Sumpena

Koordinator Perlombaan Kelurahan Putra:
Muhammad Munawar Mutaqin, Mg

Koordinator Perlombaan Kelurahan Putri:
Siti Nurjanah, S.Pd.I

Kerohanian:
Ustd. Ahmad – SMPN 3 Darangdan
Wisnu Wardana – SDN 1 Linggasari
Anggota: Tatang – SDN 2 Linggasari
Anggota: Firman – SDN 1 Gununghejo

Perlengkapan:
Koordinator/Anggota: Jafar Sidiq, S.Pd

Konsumsi:
Koordinator: Aan Nurjanah, S.Pd
Anggota: Heni Hodijah, S.Pd

Humas jeung Publikasi:
Koordinator: Ade Arin, S.Pd., Mg
Anggota: DKR

Keamanan:
Lukman Saepurohman, M.Pd
Koordinator: Karang Taruna Desa Linggasari

Kesehatan:
Koordinator: Dewi Duha Julia, S.Pd
Anggota: Rina Supriati, S.Pd

Dokumentasi:
Egi Septiana Effendi, S.Kom.I

Upacara:
Koordinator: Silfiana, M.Pd
Anggota: DKR

Kebersihan:
Supardi

Ngaliwatan ieu Perkemahan Prestasi, Kwarran Darangdan miharep lahirna pangalaman jeung ajén-ajén positif pikeun sakumna peserta. Pramuka henteu ngan saukur diajar ngeunaan kaparigelan di lapangan, tapi ogé diajar kumaha carana hirup babarengan, silih rojong, disiplin, mandiri, jeung miboga rasa tanggung jawab.***


Komentar

Postingan Populer