Pesepeda Grup GoWeS BeLeKoK Tilar Dunya Sanggeus Katabrak Treuk Elpiji di Jalan Soekarno Hatta Bandung
Pesepeda Grup GoWeS BeLeKoK Tilar Dunya Sanggeus Katabrak Treuk Elpiji di Jalan Soekarno Hatta Bandung
Bandung – Warta Sunda Online,-
Inna lillahi wa inna ilaihi raji'un. Warta duka nyampak ti Kota Bandung. Teh Wenti, anggota Grup GoWeS BeLeKoK anu ogé dipikawanoh minangka nu boga toko kuéh jeung kupluk kuhas (oleh-oleh) di Jalan Cibaduyut, tilar dunya sanggeus katabrak ku treuk pangangkut gas elpiji dina kacilakaan lalu lintas di Jalan Soekarno Hatta, deukeut Terminal Leuwipanjang, Rebo (29/7/2026) beurang.
Dumasar kana katerangan nu sumebar, kacilakaan éta ngalibetkeun sababaraha kandaraan. Treuk pangangkut gas elpiji nabrak sababaraha mobil, motor, sarta pesepeda. Dina éta kajadian, Teh Wenti anu keur ngagowes jadi salah sahiji korban sarta dikabarkeun pupus di tempat kajadian.
Wartos ieu mawa kasedih anu jero pikeun kulawarga, rerencangan, jeung sakumna anggota komunitas GoWeS BeLeKoK. Réa nu nepikeun ucapan bela sungkawa jeung pangdu'a sangkan almarhumah dipaparin tempat anu mulya di sisi Allah SWT.
Mugia Allah SWT nampi sagala amal ibadah almarhumah, ngahampura sadaya kalepatanana, maparin kalapangan di alam kuburna, sarta masihan kasabaran jeung katabahan ka kulawarga anu ditinggalkeun. Aamiin Yaa Rabbal 'Alamiin.***


Komentar