Pemancangan Bambu Runcing Bandéra Beureum Bodas di Pusara Kolonél (Purn.) R.H. Lily Sumantri, Wujud Pangajén ka Pejoang '45
Pemancangan Bambu Runcing Bandéra Beureum Bodas di Pusara Kolonél (Purn.) R.H. Lily Sumantri, Wujud Pangajén ka Pejoang '45
BANDUNG – Warta Sunda Online,-
Acara Pemancangan Bambu Runcing Bandéra Beureum Bodas di luhur pusara makam Almarhum Kolonél (Purn.) R.H. Lily Sumantri, salah saurang Pajoang '45, lumangsung kalayan pinuh ku khidmat dina Saptu (25/7/2026) di makam kulawarga, Caringin, Kota Bandung.
Almarhum dipikawanoh minangka mantan Bupati Kabupaten Bandung sarta Déwan Kahormatan DHD 45 Jawa Barat. Kagiatan ieu mangrupa wujud pangajén kana jasa-jasa almarhum dina perjuangan bangsa jeung pangabdianana ka masarakat.
Prosési pamancangan awi runcing mawa Bandéra Beureum Bodas miboga harti anu jero, nyaéta minangka lambang sumanget patriotisme, kawani, jeung pangorbanan para pajuang dina merebut jeung mertahankeun kamerdékaan Republik Indonésia. Tradisi ieu ogé jadi pangéling-ngéling sangkan sumanget juang para pahlawan tetep hirup dina diri generasi ngora.
Acara diiluan ku kulawarga almarhum, jajaran Déwan Harian Daérah (DHD) 45 Jawa Barat, para tokoh masarakat, sarta tamu ondangan séjénna. Sakabéh pamilon ngadu'a jeung masrahkeun panghormat ka almarhum minangka salasaurang putra bangsa anu geus ngabaktikeun hirupna pikeun nagara.
Ngaliwatan ieu kagiatan, dipiharep ajén-inajén kabangsaan, nasionalisme, jeung kanyaah ka tanah air terus dipupusti, sangkan jasa-jasa para pajuang henteu kaliwat ku waktu sarta salawasna jadi inspirasi pikeun ngawangun Indonésia anu leuwih hadé.***


Komentar