MPLS SMAN 2 Sukatani, Dua Siswa Terbaik Nyumbangkeun Prestasi pikeun Sakola
MPLS SMAN 2 Sukatani, Dua Siswa Terbaik Nyumbangkeun Prestasi pikeun Sakola
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,–
Kagiatan Masa Pengenalan Lingkungan Sakola (MPLS) di SMAN 2 Sukatani henteu ngan ukur jadi momen pikeun ngabagéakeun murid anyar, tapi ogé jadi ajang méré pangajén ka siswa anu hasil ngukir prestasi di tingkat kabupatén.
Dua siswa anu jadi kareueus SMAN 2 Sukatani nyaéta Nuri Samsiah jeung Siti Aminah, anu hasil mawa ngaran hadé sakola dina widang akademik jeung olahraga.
Nuri Samsiah hasil jadi Juara 1 Lomba Nulis Carpon Basa Sunda Galaksi Tingkat Kabupaten Purwakarta Taun 2025. Prestasi ieu ngabuktikeun kamampuhna dina ngariksa, ngamumulé, sarta mekarkeun basa jeung sastra Sunda ngaliwatan karya tulis anu kreatif.
Samentara éta, Siti Aminah hasil ngahontal Juara 3 Kid Atletik Pancalomba Putri O2SN Tingkat SMA/MA sa-Kabupaten Purwakarta. Salian ti éta, anjeunna ogé hasil jadi Juara 1 Nomor Lompat Jauh Putri jeung Juara 1 Nomor Tolak Peluru Putri, nunjukkeun kamampuhan anu hadé dina cabang olahraga atletik.
Para siswa baru nalika kegiatan MPLS SMAN 2 Sukatani - Purwakarta.*Kapala SMAN 2 Sukatani, Erlita, S.Pd., M.Pd., ngedalkeun rasa reueus jeung apresiasi anu luhur ka dua siswa éta. Anjeunna ngaharepkeun prestasi anu diraih bisa jadi panyemangat pikeun sakumna warga sakola sangkan terus sumanget diajar, ngaronjatkeun kompeténsi, sarta wani bersaing dina rupa-rupa pasanggiri.
Numutkeun anjeunna, prestasi akademik jeung nonakademik mangrupa bukti yén SMAN 2 Sukatani terus ngadukung pamekaran bakat, minat, jeung karakter siswa sangkan jadi generasi anu unggul, boga integritas, sarta mampuh mawa ngaran hadé sakola di tingkat anu leuwih luhur.
Perwakilan guru nalika didongdon tim Warta Sunda Online Dina kegiatan MPLS SMAN 2 Sukatani - Purwakarta.*Ngaliwatan MPLS, pihak sakola ogé miharep murid anyar bisa ngamimitian lalampahan diajar kalayan sumanget, disiplin, jeung motivasi pikeun ngahontal prestasi anu leuwih hadé dina mangsa nu bakal datang.***

.jpg)

Komentar