Merjuangkeun Pelestarian Aksara Kawi, Anggota DPD RI AA LaNyalla Mahmud Mattalitti Nepungan Fadli Zon
Merjuangkeun Pelestarian Aksara Kawi, Anggota DPD RI AA LaNyalla Mahmud Mattalitti Nepungan Fadli Zon
Jakarta – Warta Sunda Online,-
Tarékah pikeun ngamumulé warisan budaya Nusantara deui meunang pangrojong. Anggota DPD RI, AA LaNyalla Mahmud Mattalitti, ngadampingi Yayasan Satria Lelaku Nusantara dina audiénsi jeung Menteri Kabudayaan, Fadli Zon, di Kantor Kamenterian Kabudayaan, Jakarta, Salasa (30/6/2026).
Dina éta pasamoan dibahas inisiatif ngadegkeun Portal Média Aksara Kawi minangka sarana pikeun nguatkeun literasi, ngamumulé budaya, ngahirupkeun deui tradisi lokal, ngamekarkeun panalungtikan, nepi ka ngaregenerasi pamiarsa Aksara Kawi.
LaNyalla, anu ogé jadi Pembina Yayasan Satria Lelaku Nusantara, nétélakeun yén Aksara Kawi mangrupa salasahiji warisan penting peradaban Nusantara anu mekar di Pulo Jawa kira-kira dina abad ka-8 nepi ka abad ka-16 Masehi.
Numutkeun anjeunna, rupa-rupa prasasti anu ditulis ku Aksara Kawi nyimpen loba katerangan ngeunaan kahirupan masarakat baheula, mimiti tina ajén-inajén budaya, tata kahirupan sosial, nepi ka kamajuan téknologi dina mangsana.
Nyanghareupan éta hal, Menteri Kabudayaan Fadli Zon ngabagéakeun pisan inisiatif pelestarian Aksara Kawi. Anjeunna malah nyebutkeun yén Aksara Kawi pantes dijadikeun salasahiji prioritas pamaréntah pikeun diajukeun ka UNESCO ngaliwatan mékanisme Urgent Safeguarding, minangka tarékah ngajaga warisan budaya sangkan tetep lestari.
Komitmen anu sarua ogé ditepikeun ku Diréktur Jéndral Perlindungan Kabudayaan jeung Tradisi Kamenterian Kabudayaan, Restu Gunawan. Anjeunna nétélakeun yén pihakna siap gawé bareng jeung para panggiat Aksara Kawi, hususna ti Jawa Wétan, dina rupa-rupa program pelestarian budaya.
Salaku léngkah satuluyna, Yayasan Satria Lelaku Nusantara bakal ngayakeun kagiatan Srawung Budaya Aksara Kawi di Gedong MCC, Kota Malang, tanggal 5 Juli 2026. Dina éta acara ogé direncanakeun soft launching Portal Média Aksara Kawi, anu dipiharep jadi rohangan kolaborasi pikeun para panggiat, panalungtik, akademisi, jeung masarakat dina ngamumulé Aksara Kawi minangka warisan budaya bangsa.***
LaNyalla Dorong Pelestarian Aksara Kawi, Fadli Zon Siap Prioritaskan Pengajuan ke UNESCO
Jakarta – Warta Sunda Online,-
Upaya pelestarian warisan budaya Nusantara kembali mendapat perhatian. Anggota DPD RI, AA LaNyalla Mahmud Mattalitti, mendampingi Yayasan Satria Lelaku Nusantara dalam audiensi dengan Menteri Kebudayaan, Fadli Zon, di Kantor Kementerian Kebudayaan, Jakarta, Selasa (30/6/2026).
Pertemuan tersebut membahas inisiatif pendirian portal media Aksara Kawi sebagai sarana penguatan literasi, pelestarian budaya, revitalisasi tradisi lokal, pengembangan riset, hingga regenerasi pembaca Aksara Kawi.
LaNyalla yang juga merupakan Pembina Yayasan Satria Lelaku Nusantara menegaskan bahwa Aksara Kawi merupakan bagian penting dari warisan peradaban Nusantara yang berkembang di Pulau Jawa sekitar abad ke-8 hingga ke-16 Masehi.
Menurutnya, berbagai prasasti yang menggunakan Aksara Kawi menyimpan banyak informasi mengenai kehidupan masyarakat masa lampau, mulai dari nilai-nilai budaya, tata kehidupan sosial, hingga perkembangan teknologi pada zamannya.
Menanggapi hal tersebut, Menteri Kebudayaan Fadli Zon menyambut baik inisiatif pelestarian Aksara Kawi. Ia bahkan menilai Aksara Kawi layak menjadi salah satu prioritas pemerintah untuk diajukan ke UNESCO melalui mekanisme Urgent Safeguarding sebagai upaya perlindungan warisan budaya.
Komitmen serupa juga disampaikan Direktur Jenderal Perlindungan Kebudayaan dan Tradisi Kementerian Kebudayaan, Restu Gunawan. Pihaknya menyatakan siap berkolaborasi dengan para pegiat Aksara Kawi, khususnya dari Jawa Timur, dalam berbagai program pelestarian budaya.
Sebagai tindak lanjut, Yayasan Satria Lelaku Nusantara akan menggelar kegiatan Srawung Budaya Aksara Kawi di Gedung MCC, Kota Malang, pada 5 Juli 2026. Dalam kegiatan tersebut juga direncanakan peluncuran perdana (soft launching) Portal Media Aksara Kawi yang diharapkan menjadi ruang kolaborasi bagi para pegiat, peneliti, dan masyarakat dalam menjaga keberlangsungan Aksara Kawi sebagai warisan budaya bangsa.
0 Response to "Merjuangkeun Pelestarian Aksara Kawi, Anggota DPD RI AA LaNyalla Mahmud Mattalitti Nepungan Fadli Zon"
Posting Komentar