Aya Dugaan Kapala SPPG Narima Fee ti Mitra jeung Supplier, PWI Purwakarta: Éta Kaasup Gratifikasi jeung Tindak Pidana
Aya Dugaan Kapala SPPG Narima Fee ti Mitra jeung Supplier, PWI Purwakarta: Éta Kaasup Gratifikasi jeung Tindak Pidana
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Purwakarta nyorot aya dugaan Kapala Satuan Pelayanan Pemenuhan Gizi (SPPG) narima insentif ti mitra jeung fee ti supplier nu nyalurkeun bahan kadaharan ka dapur Program Makan Bergizi Gratis (MBG).
Sekretaris PWI Purwakarta, Ade Winanto atawa nu ilahar disaur Ade Jo, nétélakeun yén informasi éta kudu jadi perhatian serius lantaran patali jeung transparansi sarta tata kelola palaksanaan Program MBG nu kiwari dijalankeun di rupa-rupa daérah.
"Diduga kapala SPPG salila ieu narima insentif atawa kadeudeuh ti mitra. Salian ti éta ogé aya dugaan narima fee ti supplier nu ngirimkeun bahan kadaharan ka dapur. Éta kaasup gratifikasi jeung mangrupa lampah pidana," ceuk Ade, Salasa (28/7/2026).
Ade ogé ménta aparat panegak hukum, hususna pihak kajaksaan, sangkan ngalaksanakeun pangawasan anu leuwih ketat kana operasional dapur MBG, boh dina ngokolakeun anggaran boh dina ngajaga kualitas palayanan ka nu narima mangpaat.
Pernyataan éta saluyu jeung katerangan Kapala Badan Gizi Nasional (BGN), Sudaryono, nu negeskeun yén Kapala SPPG atawa kapala dapur teu meunang ménta atawa narima panghasilan tambahan ti mitra atawa yayasan nu kalibet dina Program MBG.
"Sing saha waé kapala SPPG atawa kapala dapur, lamun narima atawa ménta fee, atawa panghasilan tambahan ti mitra atawa yayasan, éta kaasup tindak pidana gratifikasi," pokna.
Numutkeun Sudaryono, kapala SPPG mangrupa Pegawai Pemerintah dengan Perjanjian Kerja (PPPK) anu miboga status minangka abdi nagara, ku kituna kabeungkeut ku aturan nu ngalarang narima kauntungan pribadi ti pihak nu boga kapentingan.
Anjeunna ogé ngajak para mitra sangkan ulah ragu ngalaporkeun lamun manggihan prak-prakan anu dianggap teu wajar atawa ngarugikeun dina palaksanaan Program MBG.
Salian ti dugaan narima fee, Ade Winanto ogé nyorot kana kasadiaan jeung kalengkepan fasilitas dapur MBG. Numutkeun anjeunna, unggal dapur kudu nyumponan standar anu geus ditangtukeun sangkan kualitas kadaharan, kaamanan pangan, jeung palayanan ka nu narima mangpaat tetep kajaga.
Sababaraha fasilitas anu kudu aya di antarana alat pikeun mesék endog, tempat neundeun bahan kadaharan, fasilitas pikeun relawan, nepi ka jamban anu merenah.
PWI Purwakarta miharep aparat panegak hukum jeung pihak kajaksaan ngalaksanakeun pangawasan anu leuwih ketat sangkan Program Makan Bergizi Gratis lumangsung luyu jeung aturan, ngajaga kualitas palayanan, sarta jauh tina prak-prakan anu berpotensi ngalanggar hukum.***


Komentar