SDN 3 Cianting Gelar Pelepasan Siswa Kelas VI jeung Kenaikan Kelas I-V, Ngaronjatkeun Sumanget Diajar jeung Ngamotivasian Budaya Gotong Royong
SDN 3 Cianting Gelar Pelepasan Siswa Kelas VI jeung Kenaikan Kelas I-V, Ngaronjatkeun Sumanget Diajar jeung Ngamotivasian Budaya Gotong Royong
Purwakarta – Warta Sunda Online,-
SDN 3 Cianting, anu perenahna di Kampung Andir RT 17/RW 05, Desa Cianting, Kecamatan Sukatani, ngagelar acara Pelepasan Siswa Kelas VI jeung Kenaikan Kelas I nepi ka Kelas V Taun Ajaran 2025/2026 kalayan pinuh ku rasa kabagjaan jeung kaharuan.
Acara ieu dihadiran ku Kepala SDN 3 Cianting, Eman Sulaeman, S.Pd.I, Ketua Komite Sakola Hestilawati, para guru, kolot murid, tamu ondangan, sarta 15 mahasiswa Universitas Singaperbangsa Karawang (Unsika) anu keur ngalaksanakeun kagiatan di sakola éta.
Runtuyan acara dipapaés ku upacara adat Sunda, pintonan paduan sora siswa Kelas VI, sarta rupa-rupa pintonan seni anu ngagambarkeun bakat jeung kréativitas peserta didik.
SDN 3 Cianting ayeuna miboga 268 siswa. Dina taun ajaran ieu, aya 51 siswa Kelas VI anu réngsé diajar nareruskeun ka jenjang salajengna, anapon kitu kolot muridna nyakolakeun di wewengkon layanan sakola ngawengku di Kampung Andir, Cilawang, Nagrak, Pasirlaja, jeung Gandaria.
Dina biantarana, Kepala SDN 3 Cianting, Eman Sulaeman, S.Pd.I, ka Warta Sunda Online, Saptu, 27/6/2026, inyana ngahaturkeun nuhun ka sakumna kolot murid anu salawasna ngarojong program sakola. Anjeunna ngajelaskeun yén acara dilaksanakeun dina poé Saptu sangkan henteu ngaganggu prosés Kegiatan Belajar Mengajar (KBM) dina poé Senén nepi ka Jumaah.
Anjeunna ogé maparin ucapan salamet ka sakumna siswa Kelas VI anu geus lulus sarta miharep sangkan sadayana nuluykeun atikan ka jenjang SMP, boh SMP negeri, swasta, madrasah, boh pondok pesantrén.
"Alhamdulillah sadaya siswa Kelas VI lulus. Mugia sadayana tiasa neruskeun sakola, ulah aya nu eureun diajar. Pendidikan mangrupa bekel pikeun masa depan," saur anjeunna.
Kepala sakola ogé ngingetan kolot murid sangkan teras ngawas perkembangan barudakna, hususna dina ngawangun karakter anu hadé nalika asup ka jenjang SMP.
Samentara éta, Ketua Komite Sakola, Hestilawati, ngahaturkeun pangajén ka sakumna guru anu geus sabar ngadidik jeung ngabimbing murid nepi ka hasil lulus. Anjeunna ogé ngahaturkeun nuhun ka kolot murid anu geus kompak ngarojong kagiatan sakola.
"Acara ieu tiasa lumangsung kalayan hadé lantaran aya gawé babarengan antara sakola, komite, jeung kolot murid. Mugia janten amal kahadéan pikeun urang sadaya," pokna.
Wawakil kolot murid Kelas VI, Ibu Lilis, dina kasempetan éta ngawakilan sakumna kolot ngahaturkeun rébuan nuhun ka para guru anu geus ngabimbing putra-putrina ti mimiti asup sakola nepi ka tamat.
Anjeunna ogé nyuhunkeun dihapunten bilih salila prosés diajar aya kalepatan ti para siswa atawa kolot murid. Numutkeun anjeunna, jasa guru moal tiasa dibales ku naon waé salian ku doa sangkan salawasna dipaparin kaséhatan jeung kaberkahan.
Acara ditutup ku doa babarengan sarta suasana silih hampura antara guru, siswa, jeung kolot murid. Kagiatan ieu jadi momen anu pinuh ku rasa syukur, kabanggaan, jeung harepan sangkan lulusan SDN 3 Cianting janten generasi anu pinter, bageur, miboga akhlak mulya, sarta siap neruskeun atikan ka jenjang anu leuwih luhur.
Dina kasempetan éta, Korwil VIII Sukatani, H. Sunarya, S.Pd., M.Pd., nepikeun apresiasi ka SDN 3 Cianting anu hasil ngalaksanakeun acara pelepasan siswa jeung kenaikan kelas kalayan lancar sarta pinuh ku ajén atikan.
Dina biantarana, anjeunna nekenkeun pentingna ngahirupkeun deui sumanget gotong royong di lingkungan sakola jeung masarakat. Numutkeun anjeunna, kamajuan pendidikan moal bisa dihontal ku sakola wungkul, tapi kudu aya gawé babarengan antara guru, kolot murid, komite sakola, pamaréntah, jeung masarakat.
"Budaya gotong royong téh mangrupa warisan anu kudu terus dipiara. Lamun sakabéh unsur ngahiji, tangtu sakola bakal leuwih maju sarta mampuh ngahasilkeun generasi anu unggul," saur H. Sunarya.
Salian ti éta, anjeunna ogé ngamotivasi para lulusan Kelas VI sangkan miboga sumanget pikeun neruskeun atikan ka jenjang SMP, boh negeri, swasta, madrasah, boh pondok pesantren. Anjeunna negeskeun yén pendidikan mangrupa konci pikeun ngahontal cita-cita jeung ngawangun masa depan anu leuwih hadé.
"Ulah eureun sakola. Terus diajar, hormat ka kolot jeung guru, sabab élmu bakal jadi bekel pikeun ngahontal cita-cita sarta ngabanggakeun kulawarga, sakola, jeung daérah," pokna.
Di ahir biantarana, H. Sunarya ngaharepkeun sangkan kolot murid terus méré pangrojong jeung pangawasan ka putra-putrina sangkan tetep sumanget diajar sarta ngajauhan hal-hal anu bisa ngaganggu masa depan maranéhna.***
0 Response to "SDN 3 Cianting Gelar Pelepasan Siswa Kelas VI jeung Kenaikan Kelas I-V, Ngaronjatkeun Sumanget Diajar jeung Ngamotivasian Budaya Gotong Royong "
Posting Komentar