WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Filosofi Angka 6 dina Poe Juma'ah, 26 Juni 2026: Simbol Kasaimbangan, Tanggung Jawab jeung Harepan

Filosofi Angka 6 dina Poe Juma'ah, 26 Juni 2026: Simbol Kasaimbangan, Tanggung Jawab jeung Harepan Ku : Anto Sukanto  WARTA ...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

SDN 2 Gandasoli Plered Pinunjul dina FL3SN, Kaagamaan jeung Pramuka, Bukti Komitmen Ngawangun Generasi Berprestasi

SDN 2 Gandasoli Plered Pinunjul dina FL3SN, Kaagamaan jeung Pramuka, Bukti Komitmen Ngawangun Generasi Berprestasi


PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
SDN 2 Gandasoli, Kecamatan Plered, Kabupaten Purwakarta, terus nembongkeun prestasi anu ngabanggakeun dina widang Festival Lomba Seni jeung Sastra Siswa Nasional (FL3SN), kaagamaan, jeung kepramukaan. Rupa-rupa prestasi éta jadi bukti kasungguhan sakumna warga sakola dina ngadidik siswa sangkan miboga kamampuh akademik, karakter, jeung spiritual anu saimbang.

Kulawedet Rengrengan juru Atik SDN 2 Gandasoli nalika samenan.*

Hal éta ditepikeun ku PLT Kepala SDN 2 Gandasoli, Aan Nurjanah, S.Pd, nalika acara samenan jeung pelepasan siswa Kelas VI, Kemis (25/6/2026). Numutkeun anjeunna, kasuksésan anu dihontal ku siswa henteu leupas tina karancagean tenaga pendidik jeung tenaga kependidikan dina ngabina murid sapopoé.

"Di SDN 2 Gandasoli mah kapinunjulanana aya dina widang FL3SN, kaagamaan jeung kepramukaan. Alhamdulillah, ieu hasil gawé babarengan sakumna warga sakola," pokna.

Taun ajaran 2025–2026, SDN 2 Gandasoli miboga 178 siswa, kalayan 39 siswa lulus jeung 46 siswa anyar anu bakal asup. Dina acara samenan, siswa Kelas VI ogé dilibetkeun dina upacara adat minangka bagian tina pelestarian budaya Sunda.

Sajumlah prestasi anu hasil dihontal ku siswa di antarana:
- Ibrahim Aji Romadhona (Kelas VI) Juara I Menggambar Cerita tingkat Kabupaten sarta jadi wakil ka tingkat Provinsi.
- Arka Nazhirul Muhammad Ismail (Kelas IV) Juara I Pildacil Putra tingkat Kecamatan.
- Juara I Kaligrafi Putra tingkat Kecamatan jeung Harapan III tingkat Kabupaten.
- Juara III Prakték Shalat tingkat Kabupaten.
- Aktif dina kagiatan JOTA-JOTI Internasional ngaliwatan Kwarran Plered.
- Juara I Guru Inspiratif Taun 2025 Kabupaten Purwakarta.

Widang kepramukaan ogé terus dimekarkeun. Unggal poé Saptu siswa rutin miluan ekstrakurikuler Pramuka anu dibina ku Ira Imas Solihah, S.Pd, guru Kelas I. Numutkeun anjeunna, Pramuka lain ukur ngajarkeun disiplin, tapi ogé ngawangun kapamingpinan jeung karakter siswa.

Ira Imas Solihah, S.Pd wawakil guru SDN 2 Gandasoli anu ogé kungsi jadi Juara I Guru Inspiratif Taun 2025 di Wanayasa, miboga filosofi yén "Unggal jalma pasti bisa, jeung unggal jalma pasti miboga kasempetan." Éta prinsip salawasna diterapkeun dina prosés ngadidik murid.

Dina momen sembah sungkem siswa Kelas VI, Ira ngébréhkeun rasa haruna. Anjeunna ngingetkeun yén murid-murid éta mimiti asup ka SD dina taun 2020 nalika pandemi Covid-19, mangsa anu pinuh ku tantangan dina dunya atikan.

Siswa Kelas VI sembah sungkem KA NU jadi sepuhna.*

Dina kasempetan éta, anjeunna ogé maparin satangkai kembang mawar minangka lambang rasa sukur jeung pangéling sangkan para lulusan salawasna ngajaga ngaran hadé kulawarga ngaliwatan sikep jeung paripolah anu hade.

"Kembang mawar ieu simbol rasa hatur nuhun. Jaga salawasna ngaran hadé kolot ku akhlak jeung paripolah anu mulya, sabab aya do'a kolot anu salawasna ngiringan, utamana dina waktu peuting," pokna kalayan pinuh ku rasa haru.

Numutkeun Ira, sumanget gotong royong antara pihak sakola, guru, komite, jeung kolot murid jadi kakuatan utama dina ngawangun lingkungan atikan anu harmonis. Ku kituna, anjeunna miharep silaturahmi jeung gawé babarengan anu geus kabina salila ieu bisa terus dijaga pikeun ngarojong kamajuan SDN 2 Gandasoli dina mangsa nu bakal datang.

Kalayan rupa-rupa prestasi dina widang seni, kaagamaan, jeung kepramukaan, SDN 2 Gandasoli terus ngabuktikeun komitmenna dina nyetak generasi anu cerdas, berkarakter, miboga ajén budaya, sarta siap nyanghareupan jenjang atikan salajengna.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SDN 2 Gandasoli Plered Pinunjul dina FL3SN, Kaagamaan jeung Pramuka, Bukti Komitmen Ngawangun Generasi Berprestasi"

Posting Komentar