WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

SDN 2 Gandamekar Gelar Acara Samenan jeung Pelepasan Siswa, Jaipongan Nahla Jadi Daya Tarik

SDN 2 Gandamekar Gelar Acara Samenan jeung Pelepasan Siswa, Jaipongan Nahla Jadi Daya Tarik "PLT Kapala SDN 2 Gandamekar, A...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

SDN 2 Gandamekar Gelar Acara Samenan jeung Pelepasan Siswa, Jaipongan Nahla Jadi Daya Tarik

SDN 2 Gandamekar Gelar Acara Samenan jeung Pelepasan Siswa, Jaipongan Nahla Jadi Daya Tarik

"PLT Kapala SDN 2 Gandamekar, Aep Tirta, S.Pd, ngarasa reueus ku kakompakan warga sakola jeung kolot murid"

PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
Suasana kabagjaan karasa pisan di SDN 2 Gandamekar dina acara Samenan, kenaikan kelas, sarta pelepasan siswa Kelas VI. Sanajan mangrupa sakola anu ngedepankeun nilai-nilai agamis, acara tetep lumangsung meriah kalayan rupa-rupa pintonan kasenian anu dipidangkeun ku para siswa.

Salah sahiji pintonan anu narik perhatian nyaéta kasenian jaipongan anu dipintonkeun ku Nahla, siswi Kelas I. Kalawan percaya diri, Nahla nari jaipongan pikeun ngahibur para tamu, kolot wali murid, guru, jeung sakumna warga sakola anu hadir dina acara éta.

Guru SDN 2 Gandamekar, Idah, ka Warta Sunda Online nerangkeun yén Nahla miboga bakat dina seni tari jaipongan. Ku kituna dina acara samenan taun ieu, anjeunna dipasihan kasempetan pikeun milu ngahibur para kolot wali murid ti Kelas I nepi ka Kelas V, ogé para siswa Kelas VI anu keur nyanghareupan momen perpisahan.

Samentara éta, PLT Kapala SDN 2 Gandamekar, Aep Tirta, S.Pd, ngedalkeun rasa bungah jeung reueus kana sumanget gotong royong anu dipintonkeun ku kolot wali murid. Numutkeun anjeunna, acara samenan bisa lumangsung kalayan hadé lantaran aya kakompakan jeung rojongan ti sakumna warga sakola.

“Abdi ngarasa bingah tur reueus. Kolot wali murid tiasa silih rojong sareng rereongan nyaramenkeun murangkalihna. Ieu janten bukti yén hubungan antara sakola sareng kolot murid terjalin kalayan hadé,” pokna.

Ketua Komite Sakola, Sobandi, ngaku bungah ku lumangsungna acara samenan taun ieu. Anjeunna ngahaturkeun apresiasi ka pihak sakola, guru, jeung kolot murid anu geus babarengan nyukséskeun kagiatan anu pinuh ku mangpaat pikeun murid.

Acara ditutup ku pintonan seni, pangajen ka siswa, sarta sesi poto babarengan anu nambahan suasana haru jeung kabagjaan dina kulawarga gedé SDN 2 Gandamekar. Ku sumanget kabersamaan éta, sakola miharep bisa terus ngaronjatkeun kualitas pendidikan boh dina widang akademik boh nonakademik.

Data sakola nunjukkeun yén dina taun ajaran ieu jumlah siswa SDN 2 Gandamekar ngahontal 197 urang. Siswa anu lulus jeung kaluar aya 29 urang, sedengkeun peserta didik anyar anu asup kacatet aya 43 urang.***

Subscribe to receive free email updates:

1 Response to "SDN 2 Gandamekar Gelar Acara Samenan jeung Pelepasan Siswa, Jaipongan Nahla Jadi Daya Tarik"

Anonim mengatakan...

Kerennnnnnnnn

Posting Komentar