WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Filosofi Angka 6 dina Poe Juma'ah, 26 Juni 2026: Simbol Kasaimbangan, Tanggung Jawab jeung Harepan

Filosofi Angka 6 dina Poe Juma'ah, 26 Juni 2026: Simbol Kasaimbangan, Tanggung Jawab jeung Harepan Ku : Anto Sukanto  WARTA ...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

SDN 1 Anjun Gelar Samenan jeung Pelepasan Siswa, Wujud Kabersamaan Sakola, Komite jeung Kolot Murid

SDN 1 Anjun Gelar Samenan jeung Pelepasan Siswa, Wujud Kabersamaan Sakola, Komite jeung Kolot Murid


Purwakarta – Warta Sunda Online,-
SDN 1 Anjun ngagelar acara Samenan jeung Pelepasan Siswa dina suasana pinuh ku kabungah jeung rasa syukur. Kagiatan ieu hasil tina gawé bareng antara pihak sakola, Komite Sakola, sarta kolot murid anu salawasna ngarojong rupa-rupa program pendidikan di sakola.
Kepala SDN 1 Anjun, Deden Pitriantini, S.Pd., M.Pd., nétélakeun Warta Sunda Online yén kasuksésan acara Samenan taun ieu teu leupas tina sumanget gotong royong sakumna warga sakola. Runtuyan acara dieusi ku pintonan seni jeung kreativitas siswa, ogé prosesi pelepasan murid anu parantos ngaréngsékeun pendidikan di tingkat sakola dasar.

Dumasar data sakola, jumlah siswa SDN 1 Anjun ayeuna ngahontal 293 urang. Dina taun ajaran ieu aya 56 siswa anu lulus, sedengkeun siswa anyar anu geus ngadaptar kacatet 40 urang tina kuota anu disadiakeun 60 siswa.

Samentara éta, Ketua Komite SDN 1 Anjun, Hj. Novitasari Purwanti, S.E., ngaku bungah ku lancarna palaksanaan Samenan taun ieu. Numutkeun anjeunna, acara anu dilaksanakeun ku sumanget kabersamaan antara sakola jeung kolot murid téh jadi bukti kuatna silaturahmi di lingkungan pendidikan.

Alhamdulillah, Samenan taun ieu tiasa lumangsung kalayan lancar tur berkah. Hatur nuhun ka pihak sakola, para kolot murid, sareng sadaya pihak anu parantos ngadukung. Mugia kabersamaan ieu terus ngajantenkeun SDN 1 Anjun langkung maju,” saur Novitasari.

Pihak komite ogé ngahaturkeun pangajén ka para siswa anu parantos nunjukkeun bakat jeung kamampuhna dina pintonan seni salila acara berlangsung. Dipiharep, prestasi jeung sumanget diajar para siswa bisa terus ngaronjat pikeun ngahontal cita-cita di mangsa nu bakal datang.
Acara Samenan ditutup ku doa babarengan sarta ramah tamah dina suasana pinuh ku kahaneutan, kabagjaan, jeung rasa syukur. Ieu kagiatan jadi momen anu moal hilap pikeun para siswa, guru, kolot murid, sarta sakumna warga SDN 1 Anjun.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SDN 1 Anjun Gelar Samenan jeung Pelepasan Siswa, Wujud Kabersamaan Sakola, Komite jeung Kolot Murid"

Posting Komentar