WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Pelantikan Pengurus Ranting DMI Se-Kecamatan Sukatani 2026-2030, Perkuat Peran Masjid pikeun Ngahijikeun Umat

Pelantikan Pengurus Ranting DMI Se-Kecamatan Sukatani 2026-2030, Perkuat Peran Masjid pikeun Ngahijikeun Umat Purwakarta – Warta...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Pelantikan Pengurus Ranting DMI Se-Kecamatan Sukatani 2026-2030, Perkuat Peran Masjid pikeun Ngahijikeun Umat

Pelantikan Pengurus Ranting DMI Se-Kecamatan Sukatani 2026-2030, Perkuat Peran Masjid pikeun Ngahijikeun Umat
Purwakarta – Warta Sunda Online,-Pengurus Ranting Dewan Masjid Indonesia (DMI) tingkat Kecamatan Sukatani, Kabupaten Purwakarta resmi dilantik dina Ahad (28/6/2026) pukul 14.30 WIB. Kagiatan anu dilaksanakeun di Masjid Jami At-Taslim, Kampung Malangnengah RT 07/RW 02, Desa Malangnengah ieu diiluan ku 14 wawakil pengurus ranting ti unggal desa pikeun masa khidmat 2026–2030.

Pelantikan diselenggarakeun ku Pimpinan Cabang (PC DMI) Kecamatan Sukatani dipingpin ku Ketua PC DMI Kecamatan Sukatani, Ust. Irwan Supriatna, S.Pd.

Acara ogé dihadiran ku Asep Senjaya, S.IP (Camat Sukatani), Iptu Ardianto (Kanit Binmas Polsek Sukatani), Serda Gugun Gunawan (Babinsa Desa Malangnengah), perwakilan DMI Kabupaten Purwakarta di antarana Ust. Cardani, Ust. Abdul Kadir Aljaelani, Ust. Haris, sarta aparatur Desa Malangnengah.
Dina sambutanna, Ketua PC DMI Kecamatan Sukatani, Ust. Irwan Supriatna, S.Pd. ngahaturkeun nuhun ka sakumna tamu undangan anu parantos nyempetkeun waktos hadir dina pelantikan éta.

Anjeunna nétélakeun yén DMI mangrupa wahana silaturahmi pikeun ngahijikeun umat Islam di sakuliah Indonesia. Anjeunna miharep Allah SWT maparin kasalametan, kaséhatan, sarta berkah sangkan DMI tiasa janten conto dina sikep jeung program kagiatan ka hareup.

Hayu urang sami-sami ngamakmurkeun masjid ku ngalaksanakeun shalat lima waktu berjamaah sarta ngajak barudak urang sangkan resep ka masjid ti leuleutik,” pokna.
Samentara éta, Camat Sukatani Asep Senjaya, S.IP nyebutkeun yén kabentukna pengurus DMI di unggal desa mangrupakeun léngkah awal pikeun ngaronjatkeun tata kelola masjid.

Anjeunna ngingetkeun sangkan pengurus henteu ngan saukur kabentuk wungkul. “Tong nepi ka TUKCING (dibentuk cicing). Pengurus kudu jalan luyu jeung AD/ART organisasi sangkan ayana DMI karasa mangpaatna ku masarakat,” saur anjeunna.

Kanit Binmas Polsek Sukatani, Iptu Ardianto, ngaharepkeun sangkan pelantikan ieu janten awal nguatkeun fungsi masjid minangka tempat ibadah anu sanggup ngahijikeun umat Islam tina rupa-rupa latar organisasi.

Numutkeun anjeunna, nilai Persatuan Indonesia dina Pancasila kedah janten dasar pikeun ngawangun ukhuwah, boh warga NU, Muhammadiyah, boh organisasi Islam séjénna, sangkan DMI tiasa mawa mangpaat pikeun sakumna DKM di handapeunna dina hiji visi jeung misi.

Sedengkeun Serda Gugun Gunawan, Babinsa Desa Malangnengah, ngahaturkeun wilujeng ka sakumna pengurus ranting DMI anu parantos dilantik.

Mugia amanah dina ngalaksanakeun pancénna sarta sanggup numuwuhkeun sumanget kaagamaan pikeun generasi penerus bangsa,” pokna.

Ku ayana pelantikan ieu dipiharep Pengurus Ranting DMI se-Kecamatan Sukatani tiasa langkung aktip dina ngamakmurkeun masjid, ngaronjatkeun ukhuwah Islamiyah, sarta ngawangun sinergi jeung pamaréntah, aparat kaamanan, jeung sakumna unsur masarakat demi kamajuan umat.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Pelantikan Pengurus Ranting DMI Se-Kecamatan Sukatani 2026-2030, Perkuat Peran Masjid pikeun Ngahijikeun Umat"

Posting Komentar