Novitasari Purwanti Santuni 150 Anak Yatim dina Tradisi Lebaran Yatim 10 Muharram
Novitasari Purwanti Santuni 150 Anak Yatim dina Tradisi Lebaran Yatim 10 Muharram
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
Tradisi berbagi ka sasama dina momen 10 Muharram atawa anu mindeng disebut Lebaran Yatim (Assuro), terus dijaga ku Hj. Novitasari Purwanti, SE, Anggota DPRD Dapil Plered, Purwakarta. Kegiatan santunan pikeun anak yatim ieu dilaksanakeun di kediamanana di Kp. Cidadapan RT 18/RW 04, Desa Anjun, Kecamatan Plered, Kabupaten Purwakarta.
Dina taun ieu, panitia nyayagikeun 150 kupon santunan pikeun anak yatim anu asalna ti rupa-rupa wilayah sabudeureun Plered. Salian ti bantuan santunan, barudak ogé narima pakéan lebaran minangka bentuk kanyaah jeung perhatian ka maranéhna.
Novitasari Purwanti ngajelaskeun yén kagiatan sosial ieu lain hal anyar. Program santunan ka anak yatim geus jadi agenda rutin anu dilaksanakeun tilu kali dina sataun, nyaéta dina momen Idul Fitri, Idul Adha, jeung Muharraman (Lebaran Yatim).
“Alhamdulillah, ieu kagiatan parantos lumangsung sakitar 15 taun. Mugia tiasa janten jalan pikeun ngabagi kabagjaan sareng meringankeun beban anak-anak yatim,” pokna.
Anak-anak anu narima santunan miboga rentang umur ti balita nepi ka 12 taun. Dina kasempetan éta, Novitasari ogé nepikeun harepan sangkan barudak yatim bisa neruskeun atikan nepi ka tingkat SMA, miboga masa depan anu leuwih hadé, sarta tumuwuh jadi generasi anu miboga adab, akhlak mulya, jeung élmu anu mangpaat.
“Mugia aranjeunna janten barudak anu soleh jeung solehah, lega élmuna, hade akhlakna, sarta kahontal cita-citana,” saurna.
Salah sahiji perwakilan panarima santunan, Kaila Attaya Zahsi, siswa Kelas IV SDN 2 Anjun anu parantos janten piatu, ngucapkeun rasa syukur sareng hatur nuhun kana perhatian anu dipasihkeun.
Kagiatan ieu janten bukti yén semangat gotong royong jeung rasa paduli ka sasama masih kuat hirup di tengah masarakat, hususna dina momen Muharram anu pinuh ku nilai kamanusaan jeung kabagjaan pikeun anak-anak yatim.***
0 Response to "Novitasari Purwanti Santuni 150 Anak Yatim dina Tradisi Lebaran Yatim 10 Muharram"
Posting Komentar