WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Filosofi Angka 6 dina Poe Juma'ah, 26 Juni 2026: Simbol Kasaimbangan, Tanggung Jawab jeung Harepan

Filosofi Angka 6 dina Poe Juma'ah, 26 Juni 2026: Simbol Kasaimbangan, Tanggung Jawab jeung Harepan Ku : Anto Sukanto  WARTA ...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

ANNAYLA Deudeuh Rahmashira, Danton Pasjar Berprestasi di SMKN 1 Cipeundeuy, Siap Ngudag Cita-cita Jadi Hakim

ANNAYLA Deudeuh Rahmashira, Danton Pasjar Berprestasi di SMKN 1 Cipeundeuy, Siap Ngudag Cita-cita Jadi Hakim

KBB – Warta Sunda Online,-
SMKN 1 Cipeundeuy, Kabupaten Bandung Barat, mangrupa salah sahiji sakola menengah kejuruan negeri di Kecamatan Cipeundeuy anu dipikawanoh miboga talénta dina widang Latihan Peraturan Baris Berbaris (LPBB). Dina kapamingpinan Kepala Sakola, Juariah, sakola terus ngadorong siswa pikeun ngembangkeun prestasi boh akademik boh non-akademik.

Salah sahiji siswa anu jadi kabanggaan nyaéta Annayla Deudeuh Rahmashira, anu dibabarkeun di Purwakarta, 29 Juli 2010. Annayla mangrupikeun putra ti pasangan Imas Rohayati sareng Wawan Rukawan, ogé putra kaopat atawa bungsu ti opat sadulur.

Ayeuna Annayla parantos naék ka Kelas XI di SMKN 1 Cipeundeuy. Salian ti giat diajar, anjeunna ogé aktip dina kagiatan Pasjar, kalayan dipercaya janten Danton (Komandan Peleton). Hasil tina kasabaran, disiplin, jeung sumanget latihan, Annayla hasil ngahontal Peringkat 1, hiji prestasi anu matak ngabanggakeun kulawarga, sakola, jeung lingkunganana.

Annayla miboga cita-cita anu mulya, nyaéta hoyong janten hakim, sangkan ka hareup tiasa ngalaksanakeun amanah pikeun ngajaga kaadilan sarta ngabdi ka masarakat.

Biangna, Imas Rohayati, ngungkabkeun ka Warta Sunda Online, Jum'at sore, 26/6/2026, rasa syukur jeung reueus kana prestasi anu dihontal ku putrana. Kitu deui ramana, Wawan Rukawan, salawasna masihan pangrojong sangkan Annayla terus sumanget diajar, ngajaga disiplin, sarta teu eureun ngudag cita-citana.

Prestasi Annayla dipiharep janten inspirasi pikeun para nonoman séjén, yén ku usaha, disiplin, jeung doa ti kolot, unggal impian bisa dihontal. Mugia Annayla Deudeuh Rahmashira salawasna dipaparin kaséhatan, kasuksésan, sarta tiasa ngawujudkeun cita-citana janten hakim anu jujur, adil, tur ngabanggakeun kulawarga, sakola, bangsa, jeung nagara.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "ANNAYLA Deudeuh Rahmashira, Danton Pasjar Berprestasi di SMKN 1 Cipeundeuy, Siap Ngudag Cita-cita Jadi Hakim"

Posting Komentar