SMPN 1 Purwakarta jeung SMPN 1 Darangdan : Sukses Jadi Tempat Piloting Pendaptaran SPMB SMA/SMK 2026
Sakola ka Sakola :
SMPN 1 Purwakarta jeung SMPN 1 Darangdan : Sukses Jadi Tempat Piloting Pendaptaran SPMB SMA/SMK 2026
Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Pelaksanaan Sistem Penerimaan Murid Baru (SPMB) Taun 2026 mimiti ngaléngkah kalayan sistem anu leuwih tertata, transparan, sarta gampang diaksés ku masarakat.
Dina raraga nyiapkeun pelaksanaan SPMB 2026, SMPN 1 Purwakarta jeung SMPN 1 Darangdan resmi ngalaksanakeun piloting pendaptaran SMA/SMK anu lumangsung kamari ti tanggal 26 nepi ka 29 Méi 2026.
Kagiatan piloting ieu miboga tujuan pikeun nguji kasadiaan sistem, alur palayanan, sarta mastikeun yén prosés pendaptaran bisa lumangsung kalayan lancar saméméh diterapkeun sacara leuwih anteb. Ngaliwatan ieu uji coba, rupa-rupa aspék téknis jeung administratif dievaluasi sangkan bisa méré palayanan anu leuwih hadé ka calon murid jeung kolotna.
Pelaksanaan piloting ieu jadi bagian tina tarékah pikeun ngaronjatkeun kualitas pelayanan pendidikan, hususna dina prosés narima murid anyar di tingkat SMA jeung SMK. Kalayan sistem anu leuwih terpadu jeung gampang diaksés, dipiharep calon murid bisa meunangkeun layanan anu gancang, écés, sarta akuntabel dina nangtukeun pilihan sakola lanjutan.
SPMB 2026 dipiharep jadi léngkah anu hadé dina ngawujudkeun tata kelola panarimaan murid anyar anu leuwih profésional. Salian ti éta, sistem ieu ogé dipiharep bisa méré kamudahan pikeun lulusan SMP dina neruskeun atikan ka jenjang anu leuwih luhur saluyu jeung minat tur kamampuhna séwang-séwangan. Kitu ceuk Kepala SMPN 1 Purwakarta, Hermin Rosnawati, S.Pd ka Warta Sunda Online.
Inyana Oge ngajelaskeun yén pihakna kamari parantos ngabagikeun akun siswa SPMB KA sakola Maung sareng PCMB. "Mugia para siswana NU neraskeun ka jenjang SLTA sing dipasihan kalancaran, TI Kawit daftar dugika waktosna lebet deui sakola," pokna.
Lain halna kasauran Kepala SMPN 1 Darangdan, Nur Iskandar, S.Pd, M.Pd, Saptu, 30/5/2026 via WhatsAppna. "Mugia pelaksanaan piloting ieu janten awal anu saé dina nyangking pelayanan pendidikan anu langkung éféktif, transparan, sarta ngagampangkeun murid pikeun nuluykeun atikan ka jenjang salajengna," kitu harepanna.***
0 Response to "SMPN 1 Purwakarta jeung SMPN 1 Darangdan : Sukses Jadi Tempat Piloting Pendaptaran SPMB SMA/SMK 2026"
Posting Komentar