WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Motor Warga Sukamukti Dipaling di Sawah Cibayongbong Maniis

Motor Warga Sukamukti Dipaling di Sawah Cibayongbong Maniis Ket.: Motor samemehna rek melak Cengek di sawah.* Purwakarta – Warta...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

SMAN 1 Plered Purwakarta Siap Narima 324 Siswa Anyar dina SPMB 2026/2027

SMAN 1 Plered Purwakarta Siap Narima 324 Siswa Anyar dina SPMB 2026/2027

Purwakarta – Warta Sunda Online,-
SMAN 1 Plered ngaliwatan *Kapala Sakola Kusnawijaya, S.Pd., M.Pd.* nyaritakeun kasiapanna dina ngalaksanakeun Sistem Penerimaan Murid Baru (SPMB) taun ajaran 2026/2027.
Dina kateranganana, pihak sakola bakal narima siswa anyar saloba 9 kelas. Unggal kelasna direncanakeun dieusi ku 36 siswa, sahingga total siswa anyar anu bakal ditarima ngahontal 324 siswa.

“Semoga lancar dan sukses selalu sesuai yang diharapkan terpenuhi. 9 x 36 = 324 siswa,” saur Kusnawijaya.
Kalayan jumlah éta, pihak sakola miharep prosés SPMB di SMAN 1 Plered tiasa lumangsung lancar, tertib, sarta mampuh nyumponan harepan masyarakat anu hayang ngalajengkeun atikan putra-putrina ka tingkat SMA.
Salian ti éta, sakola ogé terus nyiapkeun rupa-rupa sarana jeung prasarana pikeun ngarojong kagiatan diajar ngajar sangkan tetep kondusif sarta berkualitas pikeun para siswa anyar dina taun ajaran nu bakal datang.***





Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SMAN 1 Plered Purwakarta Siap Narima 324 Siswa Anyar dina SPMB 2026/2027"

Posting Komentar