Siswa MTs Al-Wathon Binaan Marlin Swimming School Némbongkeun Prestasi dina PASF 2026
Siswa MTs Al-Wathon Binaan Marlin Swimming School Némbongkeun Prestasi dina PASF 2026
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
Siswa kelas VII MTs Al-Wathon Kampus 4 Al-Muhajirin Sukatani Purwakarta binaan Marlin Swimming School hasil némbongkeun kamampuhan dina ajang Purwakarta Akuatik Swimming Festival (PASF) anu digelar dina Sabtu-Minggu, 23-24 Méi 2026 di Kolam Renang Sthira Yudha Armed, Purwakarta.
Lomba Cabor renang anu lumangsung ketat di jero cai ngajadikeun sakumna peserta kudu bisa ngéléhkeun pikeun ngahontal préstasi anu gemilang. Dina suasana kompetitif éta, siswa MTs Al-Wathon terus narékahan maksimal pikeun méré hasil anu ngabanggakeun.
Salah sahiji atlet ngora anu tampil gemilang nyaéta Muhammad Asefa Sastra Setianto. Atlet binaan Marlin Swimming School ieu geus ngiring aub ti saprak kelas IV MI Al-Muhajirin Kampus 4 Sukatani Purwakarta.
Aubna Asefa kana dunya renang téh nalika pihak Marlin Swimming School ngajalin gawé bareng jeung MI Al-Muhajirin Kampus 4 Sukatani pikeun ngabina para atlet cabang olahraga renang. Tina éta program pembinaan teh, sababaraha urang siswa leuwih neuleuman olahraga renang sacara serius.
Dina lalampahan ngahontal préstasi, tangtu teu leupas tina peran pembina sakola, dukungan kolot, sarta palatih klub anu terus méré motivasi jeung latihan sacara intensif.
Dina ajang PASF 2026 kali ieu, Asefa mawa opat medali, nyaéta dua medali pérak jeung dua medali perunggu. Prestasi éta diraih ngaliwatan:
- Juara 2 Boys 14-15 50 méter Butterfly kalayan catetan waktu 39.54 detik,
- Juara 2 Boys 14-15 50 méter Freestyle kalayan catetan waktu 31.89 detik,
- Juara 3 Boys 14-15 100 méter Freestyle kalayan catetan waktu 1 menit 18.28 detik,
- Juara 3 Boys 14-15 50 méter Breaststroke kalayan catetan waktu 42.42 detik.
Saméméhna, dina bulan Nopémber 2025 dina taun pangajaran anu sarua, Asefa ogé hasil ngumpulkeun tilu medali perunggu. Salah sahiji préstasi anu cukup signifikan nyaéta dina nomor #205 Boys 10–13 200 IM kalayan ngahontal catetan waktu 3:24.21, leuwih hadé dibanding catetan saméméhna 3:28.93. Hasil éta nunjukkeun aya paningkatan anu konsistén dina performa lombana.
“Aya paningkatan dina lomba kali ieu,” saur palatih Marlin Swimming School ka Warta Sunda Online.
Prestasi anu dihontal ku Asefa dipiharep bisa jadi motivasi pikeun para pelajar séjén supaya terus sumanget latihan jeung ngamekarkeun bakat dina widang olahraga, hususna cabang renang.***
0 Response to "Siswa MTs Al-Wathon Binaan Marlin Swimming School Némbongkeun Prestasi dina PASF 2026"
Posting Komentar