PWI Pusat Ménta Meresan Pasualan Pers Ngaliwatan Mékanisme Déwan Pers
PWI Pusat Ménta Meresan Pasualan Pers Ngaliwatan Mékanisme Déwan Pers
Jakarta – Warta Sunda Online,-
Prosés hukum ka dua média daring, nyaéta teropongistana.com jeung halloyouth.pikiran-rakyat.com, anu dilaporkeun ka Polda Metro Jaya dina dugaan pencemaran ngaran hadé jeung palanggaran Undang-Undang Perlindungan Data Pribadi, jadi perhatian kalangan pers jeung organisasi wartawan.
Laporan kalayan nomer LP/B/2785/IV/2026/SPKT POLDA METRO JAYA éta dipikanyaho keur ditangani ku Ditresiber Polda Metro Jaya. Padahal, pasualan pemberitaan saméméhna geus diprosés ngaliwatan mékanisme Dewan Pers sarta geus ditindaklanjuti ku média anu patali ku medalkeun hak jawab saluyu jeung rékoméndasi Déwan Pers.
Nyanghareupan éta perkara, Wakil Ketua Bidang Hukum PWI Pusat, Baren Antoni Siagian, ngingetan sakumna pihak sangkan tetep ngautamakeun mékanisme panyelesaian sengketa pers sakumaha anu diatur dina Undang-Undang Nomor 40 Taun 1999 ngeunaan Pers.
Numutkeun Baren, lamun hiji produk jurnalistik geus dipariksa jeung diréngsékeun ku Déwan Pers, kaasup geus dilaksanakeun hak jawab atawa hak koreksi ku pausahaan pers, mangka sakuduna sakumna pihak ngahargaan éta prosés minangka bagian tina sistem panyelesaian sengketa pers anu dijamin ku undang-undang.
“Panyelesaian pasualan pemberitaan dina prinsipna kudu ngautamakeun mékanisme Undang-Undang Pers jeung kawenangan Déwan Pers. Ieu penting pikeun ngajaga kamerdikaan pers bari ogé méré kapastian hukum ka sakumna pihak,” ceuk Baren, Minggu (24/5/2026).
Baren anu ogé ngajabat Ketua Umum Forum Wartawan Kejaksaan negeskeun yén PWI ngarojong penegakan hukum anu profesional jeung obyéktif. Sanajan kitu, anjeunna miharep aparat penegak hukum tetep merhatikeun Nota Kasapahaman (MoU) jeung Perjangjian Kerja Sama (PKS) antara Déwan Pers jeung Kepolisian Negara Republik Indonesia dina nangtayungan pasualan sengketa pers.
Numutkeun anjeunna, MoU éta dijieun minangka padoman supaya pananganan perkara anu patali jeung karya jurnalistik henteu langsung ngagunakeun pendekatan pidana, tapi leuwih tiheula ngaliwatan mékanisme étik jeung pers sakumaha anu diatur dina UU Pers.
“Pers mangrupa salah sahiji pilar démokrasi anu kudu dijaga babarengan. Ku sabab éta, sakumna pihak dipiharep bisa nahan diri sarta ngautamakeun prinsip profesionalitas, proporsionalitas, jeung ngahargaan mékanisme hukum anu geus diatur,” pokna.
Anjeunna ogé ngingetan insan pers supaya tetep ngajunjung luhur Kode Étik Jurnalistik, asas keberimbangan, akurasi, jeung kahati-hatian dina unggal pemberitaan, hususna anu aya patalina jeung perkara hukum sarta data pribadi.
“PWI ngingetan sakumna wartawan jeung pausahaan pers supaya tetep digawé sacara profesional, nurut kana Kode Étik Jurnalistik, sarta salawasna muka rohangan hak jawab jeung hak koreksi minangka bentuk tanggung jawab pers ka publik,” tutup Baren.***
0 Response to "PWI Pusat Ménta Meresan Pasualan Pers Ngaliwatan Mékanisme Déwan Pers"
Posting Komentar