Petani di Cisurupan Garut Ngangluh Gagal Panén Akibat Cuaca Ekstrem
Petani di Cisurupan Garut Ngangluh Gagal Panén Akibat Cuaca Ekstrem
GARUT – Warta Sunda Online,-
Kaayaan tatanén di wewengkon Garut ayeuna beuki nyanghareupan loba bangbaluh. Dina dua taun ka tukang, para patani ngeluh lantaran cuaca ekstrem panas jeung hujan teu puguh nyababkeun hasil tatanén sayur-mayur gagal sarta teu mampuh ngahasilkeun panghasilan saperti biasa.
Rupa-rupa komoditi kayaning engkol, sawi, cabé rawit, terong, kacang panjang nepi ka sayuran séjén loba nu gagal tumuwuh. Kaayaan éta jadi mawa pangaruh gedé keur petani, utamana nu kudu nyéwa lahan pikeun bercocok tanam.
Salah sahiji patani, Pa Atang (65), warga Kampung Palalangon Tonggoh RT 03 RW 06 Desa/Kecamatan Cisurupan Kabupaten Garut, ka Warta Sunda Online sawatara poe katukang 14/6/2026, ngaku prihatin ku kondisi tatanén ayeuna. Anjeunna nyebut biaya produksi terus naék, sedengkeun hasil panén teu saimbang.
“Pupuk jeung berak ayeuna mahal pisan, acan deui cuaca panas-hujan nu ekstrim nyieun pepelakan loba nu paéh,” ceuk Pa Atang.
Numutkeun anjeunna, pikeun nyéwa lahan tatanén hiji patok kudu ngaluarkeun biaya nepi ka Rp500 rébu. Padahal hasil tatanén sering gagal alatan cuaca anu teu menentu.
Pa Atang ogé nyebut, baheulana anjeunna tiasa ngupahan loba buruh tani. Tapi ayeuna mah ngan ukur sanggup ngagajih lima urang waé. Upah buruh tani pikeun melak sayuran sakitar Rp30 rébu per poé, sedengkeun pikeun buruh melak cabé ngahontal Rp50 rébu per poé, dimimitian ti jam 06.30 nepi ka jam 12.00 WIB.
Samentara éta, Tati, salah saurang buruh tani, ngaku upah Rp30 rébu sapoé ayeuna karasa beuki teu cukup pikeun nyumponan kabutuhan hirup sapopoé.
“Ku harga-harga ayeuna nu mahal, upah sakitu mah ukur cukup keur nyambung hirup wungkul,” pokna.
Para patani ngaharepkeun aya perhatian ti pamaréntah pikeun ngabantu sektor tatanén, boh dina stabilisasi harga pupuk, bantuan bibit, nepi ka solusi nyanghareupan dampak cuaca ekstrem anu terus karandapan ku patani di daérah pagunungan Garut.***
0 Response to "Petani di Cisurupan Garut Ngangluh Gagal Panén Akibat Cuaca Ekstrem"
Posting Komentar