Persib Bandung Nyieun Sajarah, Jadi Klub Kahiji Nu Juara Liga Tilu Kali Berturut-turut
Persib Bandung Nyieun Sajarah, Jadi Klub Kahiji Nu Juara Liga Tilu Kali Berturut-turut
BANDUNG - Warta Sunda Online,-
Sajarah emas hasil ditorehkeun ku Persib Bandung sanggeus resmi jadi klub munggaran di Indonesia anu mampuh ngarebut gelar juara kompetisi kasta pangluhurna nasional tilu kali berturut-turut. “Pangeran Biru” mastikeun jadi jawara Super League 2025/26 sanggeus maén imbang tanpa gol ngalawan Persijap Jepara di Stadion Gelora Bandung Lautan Api, Saptu (23/5/2026).
Hasil imbang éta ngajadikeun PERSIB ngonci posisi puncak klasemen kalayan raihan 79 poin. Sanajan Borneo FC miboga poin anu sarua sanggeus ngéléhkeun Malut United, Maung Bandung unggul dina head to head.
Pikeun PERSIB, kasuksesan jadi juara Super League 2025/26 ieu ngalengkepan panca takhta atawa béntang kalima dina era Liga Indonesia. Saméméhna, PERSIB kungsi jadi jawara Liga Indonesia 1994/95, Liga Super Indonesia 2014, sarta back to back Liga 1 musim 2023/24 jeung 2024/25.
Sapanjang sajarah, ieu jadi trofi ka-10 PERSIB dina kompetisi kasta pangluhurna nasional. Dina era amatir, klub kabanggaan urang Sunda ieu kungsi jadi jawara Kejurnas PSSI 1937, 1959/61, Perserikatan 1986, 1989/90, jeung 1993/94.
Dina laga penentuan ieu, palatih Bojan Hodak nurunkeun skuad utama nu dieusi ku Teja Paku Alam, Eliano Reijnders, Kakang Rudianto, Patricio Matricardi, Federico Barba, Adam Alis, Frans Putros, Beckham Putra Nugraha, Thom Haye, Rosembergne da Silva, sarta Andre Jung.
Pertandingan anu dipingpin ku wasit asal Korea Selatan, Ko Hyung-jin, lumangsung ketat. PERSIB kasulitan ngamekarkeun kaulinan dina babak kahiji sarta gagal nyiptakeun gol pembuka.
Asup babak kadua, Hodak ngalakukeun pergantian ku narik Kakang Rudianto sarta ngasupkeun Luciano Guaycochea. PERSIB langsung ngagebrag ngaliwatan akselerasi Berguinho, sanajan Persijap ogé sempet ngancam dina menit ka-50.
Peluang demi peluang terus datang. Tendangan bébas Thom Haye dina menit ka-53 masih bisa diamankeun ku kiper Persijap, Muhammad Nurdiansyah. Saterusna, sepakan jarak deukeut Andre Jung ogé gagal ngahasilkeun gol.
Dina menit ka-67, Hodak ngasupkeun Ramon Tanque jeung Uilliam Barros pikeun ngaganti Beckham jeung Jung. Sanajan terus neken, pertahanan Persijap masih hésé ditembus.
Musibah sempet datang dina menit ka-78 sanggeus Berguinho ngalaman cilaka sarta teu bisa nuluykeun pertandingan. Posisi anjeunna digantikeun ku Julio Cesar.
Dina menit-menit ahir, PERSIB terus nyerang pikeun néangan gol kameunangan. Saddil Ramdani ogé diasupkeun dina menit ka-90 pikeun nambah daya dobrak. Tapi nepi ka wasit niup peluit panjang, skor 0-0 tetep teu robah.
Sanggeus pertandingan réngsé, para pamaén PERSIB jeung Bobotoh langsung ngarayakeun kapastian gelar juara di Stadion GBLA. Gelar ieu jadi bukti dominasi Maung Bandung dina sepak bola nasional sarta ngukir sajarah anyar pikeun klub kabanggaan Jawa Barat éta.***
0 Response to "Persib Bandung Nyieun Sajarah, Jadi Klub Kahiji Nu Juara Liga Tilu Kali Berturut-turut"
Posting Komentar