WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Motor Warga Sukamukti Dipaling di Sawah Cibayongbong Maniis

Motor Warga Sukamukti Dipaling di Sawah Cibayongbong Maniis Ket.: Motor samemehna rek melak Cengek di sawah.* Purwakarta – Warta...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

PANI Siap Turun ka Pesantren, Galang Sosialisasi jeung Penguatan Peran Masyarakat



PANI Siap Turun ka Pesantren, Galang Sosialisasi jeung Penguatan Peran Masyarakat
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
Dina suasana Idul Adha 1447 Hijriah/2026 Masehi, sumanget pengabdian ka masyarakat terus digelorakeun ku jajaran Penggiat Anti Narkoba Indonesia (PANI) Kabupaten Purwakarta. Ngaliwatan pesen internal anu sumebar di grup koordinasi, sakumna anggota diajak pikeun leuwih aktif turun langsung ka masyarakat, hususna ka lingkungan pesantren.

Kegiatan dipitembeyan rencana dina poé Saptu ku agenda nyebarkeun surat permohonan sosialisasi ka sababaraha pesantren di wilayah Sukatani, Plered, jeung Bojong Sawit. Rekomendasi lokasi awal ieu disebutkeun meunang dukungan ti Pa Alex.

Ketua DPD PANI Kabupaten Purwakarta, Hj. Neneng Fauziah ngajelaskeun yén sakumna anggota bakal dijadwalkeun sacara bergantian supaya sadaya tiasa ilubiung dina kegiatan lapangan. Salian éta, anggota séjén ogé dipersilakan mere rekomendasi pesantren anu dianggap strategis pikeun dijadikeun lokasi program “PANI Go To Pesantren”.

“Insyaa Allah tahap awal urang turun ka pesantren-pesantren. Nu bertugas engké bakal bergantian supaya sadayana kabagian turun,” tulis salah sahiji pengurus dina pesen koordinasi.

Henteu ngan ukur fokus kana sosialisasi, PANI ogé keur nyiapkeun identitas visual pikeun ngadukung program éta. Para anggota dipénta ngabantu nyieun desain banner anu menarik jeung elegan kalayan tema utama “PANI GO TO PESANTREN”, bari nyantumkeun lembaga-lembaga patali jeung para pelindung organisasi.

Dina arahanna, pengurus ogé ngingetkeun supaya grup komunikasi dipaké sacara bijak jeung saluyu jeung tupoksi organisasi, supaya koordinasi leuwih efektif sarta produktif.

Kegiatan ieu dipiharep jadi awal penguatan hubungan antara organisasi jeung lingkungan pesantren, ogé jadi wadah pikeun ngaronjatkeun kepedulian sosial jeung edukasi di tengah masyarakat.*** (PANI)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "PANI Siap Turun ka Pesantren, Galang Sosialisasi jeung Penguatan Peran Masyarakat"

Posting Komentar