Kwarcab Purwakarta Jeung Kwaran Sukatani Ngagelar Temu Penegak Pikeun Nguatkeun Kagiatan Pramuka
Kwarcab Purwakarta Jeung Kwaran Sukatani Ngagelar Temu Penegak Pikeun Nguatkeun Kagiatan Pramuka
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
Kwartir Cabang (Kwarcab) Gerakan Pramuka Purwakarta gawé bareng jeung Kwartir Ranting (Kwaran) Sukatani ngagelar kagiatan Temu Penegak dina poé Saptu, 23 Méi 2026, di SMKN 1 Sukatani, Kabupaten Purwakarta.
Kagiatan ieu dilaksanakeun minangka bagian tina usaha pikeun nguatkeun tali silaturahmi, ningkatkeun kamampuh anggota Pramuka Penegak, sarta ngajaga kasinambungan program-program ka-pramukaan di lingkungan Kwaran Sukatani jeung Kwarcab Purwakarta. Kitu ceuk Kak Narkum.
Dina éta kagiatan hadir tilu urang wawakil Dewan Kerja Cabang (DKC) Purwakarta salaku narasumber anu nepikeun rupa-rupa materi ngeunaan peran Pramuka Penegak dina organisasi, kapamingpinan, tata kelola kagiatan, sarta pentingna aktip milu dina unggal program Gerakan Pramuka.
Salian ti éta, kagiatan ogé dihadiran ku Sekretaris Kwaran Sukatani, Kak Yoga, Waka Binawasa Kwaran Sukatani, Kak Narkum, sarta Ketua Kwaran Sukatani, Kak Umar, anu méré pangrojong pinuh kana lumangsungna acara.
Ketua Kwaran Sukatani, Kak Umar, nétélakeun yén Temu Penegak mangrupa sarana anu penting pikeun ngaraketkeun duduluran antaranggota Pramuka Penegak, sakaligus jadi wahana pikeun silih tukeur pangalaman jeung ngaronjatkeun sumanget dina ngalaksanakeun kagiatan ka-pramukaan.
“Ngaliwatan ieu kagiatan dipiharep anggota Pramuka Penegak bisa leuwih aktip, kreatif, sarta miboga jiwa kapamingpinan anu hadé. Kagiatan ieu ogé jadi léngkah pikeun ngajaga kasinambungan Gerakan Pramuka sangkan tetep hirup tur maju di tengah masarakat,” pokna.
Para narasumber ti DKC Purwakarta ogé ngadorong para peserta sangkan terus ngamekarkeun poténsi diri, boga inovasi dina nyusun program kagiatan, sarta sanggup jadi conto anu hadé boh di sakola boh di lingkungan masarakat.
Kalayan lumangsungna Temu Penegak ieu, Kwarcab Purwakarta jeung Kwaran Sukatani miharep sangkan kagiatan Pramuka bisa beuki pageuh, nyambung ti hiji generasi ka generasi salajengna, sarta sanggup ngawangun nonoman anu miboga karakter, disiplin, mandiri, jeung boga rasa tanggung jawab anu luhur.***(Redaksi)
0 Response to "Kwarcab Purwakarta Jeung Kwaran Sukatani Ngagelar Temu Penegak Pikeun Nguatkeun Kagiatan Pramuka"
Posting Komentar