WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Ketua Umum Akuatik Purwakarta: O2SN jeung Swimming Festival Jadi Ajang Nyetak Bibit Atlet Muda

Ketua Umum Akuatik Purwakarta: O2SN jeung Swimming Festival Jadi Ajang Nyetak Bibit Atlet Muda PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Ketua Umum Akuatik Purwakarta: O2SN jeung Swimming Festival Jadi Ajang Nyetak Bibit Atlet Muda

Ketua Umum Akuatik Purwakarta: O2SN jeung Swimming Festival Jadi Ajang Nyetak Bibit Atlet Muda


PURWAKARTA – Warta Sunda Online,- Ketua Umum Akuatik Kabupaten Purwakarta, Pian Apianto, ngajelaskeun yén aya dua agenda penting anu rutin dilaksanakeun unggal taun ku pihakna, nyaéta seleksi O2SN tingkat Kabupaten Purwakarta jeung Purwakarta Aquatic Swimming Festival.

Numutkeun anjeunna, kagiatan éta jadi bagian tina program pembinaan atlet ngora ti mimiti tingkat pemula nepi ka atlet prestasi di tingkat championship sakola.
“Agenda ieu minangka wadah pembinaan atlet muda, dimimitian ti pemula nepi ka nu geus prestasi. Pikeun peserta O2SN sorangan jumlahna kurang leuwih ngahontal 1.200 siswa sarta kagiatan masih lumangsung nepi ka isukan,” saur Pian Apianto.

Anjeunna ngajelaskeun, peserta nu milu asalna tina sababaraha jenjang pendidikan. Pikeun tingkat SMA aya sakitar 17 sakola, sedengkeun SMP ngahontal puluhan sakola ti sakuliah Purwakarta.

Dina pelaksanaan taun ieu, pihak panitia ogé ngahaja ngondang atlet nasional asal Jawa Barat pikeun mere motivasi ka para atlet ngora. Salah sahiji nu hadir nyaéta Fadlan Prawira, atlet renang nasional panyumbang medali emas pikeun Indonesia.

“Alhamdulillah urang tiasa ngondang Kang Fadlan. Sanaos waktuna pondok kusabab jadwal latihan, tapi kahadiranna tiasa jadi motivasi pikeun atlet-atlet muda Purwakarta,” ceukna.

Henteu ngan ukur hadir, Fadlan ogé sempet mintonkeun langsung teknik renang ka para peserta sangkan jadi inspirasi pikeun generasi atlet anyar.
Kagiatan éta ogé meunang dukungan ti rupa-rupa pihak, di antarana pengurus Akuatik Jawa Barat, unsur Dinas Pendidikan, Disporaparbud, nepi ka Komandan Resimen 1 Sthira Yudha Kolonel Didik Kurniawan.

Pian nambahkeun, Purwakarta terus berupaya nyetak atlet potensial pikeun persiapan kompetisi tingkat Jawa Barat. Dina bulan Juni nu bakal datang, Purwakarta bakal ngirimkeun wakil pikeun jenjang SD, SMP, jeung SMA dina ajang tingkat provinsi Jawa Barat.

Salah sahiji atlet muda nu ayeuna mimiti jadi perhatian nyaéta Marwah ti Club Talenta Jatiluhur anu ayeuna masih kelas 7 di SMPN 1 Purwakarta.

“Harapan urang, tina pembinaan ieu lahir leuwih loba deui atlet berbakat ti Purwakarta anu tiasa ngaharumkeun daerah di tingkat Jawa Barat nepi ka nasional,” pungkasna.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ketua Umum Akuatik Purwakarta: O2SN jeung Swimming Festival Jadi Ajang Nyetak Bibit Atlet Muda"

Posting Komentar