Dukungan Kolot Jadi Konci Lahirna Atlet Nasional dina Ajang O2SN
Dukungan Kolot Jadi Konci Lahirna Atlet Nasional dina Ajang O2SN
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,- Rojongan jeung pangrojong ti kolot jadi salasahiji faktor anu kacida pentingna dina ngabentuk mental sarta prestasi para atlet ngora. Hal éta ditepikeun dina sambutan salah sahiji panitia dina kagiatan seleksi Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN) tingkat kabupatén.
Dina biantarana Ketua Koni Kabupaten Purwakarta, Aris Limbong, anjeunna ngahaturkeun rasa hormat jeung pangajén anu satulus-tulusna ka sakumna ibu jeung bapak kolot atlet anu salawasna satia ngadampingi perjuangan barudakna dina widang olahraga.
“Luar biasa pisan perjuangan ibu jeung bapak sadayana. Moal aya atlet nasional lamun teu aya bimbingan jeung rojongan ti kolotna,” pokna.
Anjeunna ogé nétélakeun yén prosés ngajadikeun saurang budak jadi atlet téh lain perkara gampang. Diperlukeun kasabaran, pangorbanan, jeung mental anu kuat, boh ti budakna boh ti kolot anu terus nganteurkeun, ngadukung, sarta mere sumanget dina unggal latihan jeung pasanggiri.
Dina éta kasempetan ogé disebatkeun salah sahiji atlet nasional asal daerah anu ngaranna Marwah. Anjeunna dipiharep bisa jadi inspirasi pikeun para atlet ngora séjénna sangkan leuwih sumanget dina ngahontal cita-cita.
“Mudah-mudahan ka hareupna lahir deui Marwah-Marwah anyar anu bisa ngaharumkeun ngaran daerah nepi ka tingkat nasional,” saurna pinuh ku harepan.
Salian ti éta, anjeunna ogé ngahaturkeun nuhun ka sakumna panitia anu geus digawé teuas sarta sabar ngatur jalanna acara seleksi O2SN nepi ka bisa lumangsung kalayan lancar.
Dipiharep para peserta anu engkéna maju ka tingkat provinsi tiasa mintonkeun kamampuh panghadéna sarta mawa hasil anu ngabanggakeun pikeun daerah.
Kagiatan ditutup ku doa jeung harepan sangkan sakabéh prosés seleksi O2SN lumangsung lancar sarta ngahasilkeun bibit-bibit atlet anu berbakat pikeun masa depan olahraga daerah jeung nasional.***
1 Response to "Dukungan Kolot Jadi Konci Lahirna Atlet Nasional dina Ajang O2SN"
Semoga kontingen dari Purwakarta jadi juara di berbagai tingkat. Tingkat Kabupaten, propinsi dan tingkat nasional. Selamat bertanding 💪💪💪
Posting Komentar