Dedi Mulyadi Larang Kapala Sakola Narima Siswa Titipan di Sakola Maung
Dedi Mulyadi Larang Kapala Sakola Narima Siswa Titipan di Sakola Maung
BANDUNG – Warta Sunda Online,-Gubernur Jawa Barat, Dedi Mulyadi, negeskeun teu meunang aya praktik titip-menitip siswa dina prosés panarimaan murid anyar di Sakola Maung (Manusa Unggul) anu mimiti muka pendaptaran ti tanggal 25 nepi ka 29 Méi 2026.
Pendaptaran SPMB Jabar 2026 dimimitian dina Senén (25/5/2026), husus keur calon siswa nu rék asup ka Sakola Maung.
Dedi ngajelaskeun yén sakola unggulan nu disiapkeun ku Pamaréntah Provinsi Jawa Barat téh diperuntukkeun keur siswa anu miboga kamampuhan akademik jeung non-akademik panghadéna. Ku kituna, sakabéh prosés seleksi kudu lumangsung sacara transparan, adil, sarta miboga integritas.
“Teu meunang aya sakola unggulan nu dieusian ku siswa titipan ti saha waé, atas nami naon waé, jeung keur kapentingan naon waé.”
Mantan Bupati Purwakarta éta ogé ménta ka sakumna kapala sakola jeung panitia panarimaan murid anyar sangkan ngajaga integritas sarta nyingkahan sagala rupa praktik anu nabrak kana prinsip kaunggulan sakola.
Malah, Dedi ngancam bakal nyopot kapala sakola atawa panitia anu kabuktian milu dina panyimpangan prosés panarimaan siswa anyar.
“Abdi moal ragu-ragu pikeun ngabébaskeun jabatan kapala sakola, panitia, atawa saha waé anu kabuktian kalibet dina prosés anu teu pantes di sakola unggulan.”
Salian ti éta, anjeunna mastikeun yén Pemprov Jawa Barat bakal ngalaksanakeun prosés hukum ka pihak-pihak anu kabuktian ngalakukeun kecurangan dina panarimaan siswa anyar.
Numutkeun anjeunna, budaya titip-menitip teu meunang ngaruksak tujuan ngadegkeun sakola unggulan anu dipiharep bisa nyetak sumber daya manusa anu berkualitas.
Dedi ogé nyebut, Pemprov Jabar moal sungkan pikeun ngabuka ka publik saha waé anu nyobaan nitipkeun anakna ngaliwatan jalur anu ngalanggar prinsip transparansi.
“Urang ogé bakal ngumumkeun ka publik saha-saha anu nitipkeun anakna ka sakola unggulan bari ngalanggar prinsip transparansi jeung kaunggulan sakola éta sorangan.”
Dina ahir pernyataanna, Dedi ngaharepkeun sakabéh prosés panarimaan siswa anyar bisa lumangsung obyéktif sangkan siswa anu miboga prestasi bisa ditarima tanpa aya intervensi ti pihak mana waé, kaasup kolotna.
“Hayu urang wujudkeun barudak urang jadi barudak anu berprestasi tanpa intervensi ti kolotna.”
0 Response to "Dedi Mulyadi Larang Kapala Sakola Narima Siswa Titipan di Sakola Maung"
Posting Komentar